Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/135

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
129

ngaromong kijeu: „Ijeu bangsa, noe sakitoe gede teh, estoe bangsa pintor sarta binangkit. Karana mana bangsa noe gěde teh, noe sakitoe kaparékna koe batara, saperti oerang kaparěk koe Pangeran, Allah oerang, tijap-tijap oerang sasambat ka andjeunna? Sarta mana bangsa gede teh, anoe boga pikoekoeh djeung hoekoem noe sakitoe adil, saperti ijeu satoret kabeh, anoe koe kami dibikeun ka hareupeun maraneh mangsa ajeuna? Koe tina sabab kitoe, ijeu pangandika koedoe aja dina hate maneh. Djeung koedoe koo maneh dipapatahkeun ka anak-anak maneh, sarta ditjatoer-tjatoerkeun, keur maneh dijoek di djěro imah, keur maneh leumpang di djalan, keur maneh ngedeng djeung keur maneb hoedang. Oepama maneh těměn nja noeroet ka paugandika Pangeran, tanwande maneh kadatangan berkah. Diberkahan maneh di nagara, djeung diberkahan maneh pasisian. Diberkahan maneh dina maneh asoep, sarta diberkahan maneh dina maneh ka loewar. Sabalikna, oepama maneh hanteu noeroet ka pangandika Pangeran, tangtoe maneh kadatangan panjapa, sarta maneh koe Pangeran bakal dipabalentjarkeun, diajakeun di sagala bangsa, sarta maraneh pikarieun ngan saeutik di lebah bangsa kapir. Eh Israil! geura dengekeun: maneh ajeuna rek meuntas tji Jordan, soepaja asoep, baris meunangkeun bangsa galede nja rarosa ti batan maneh. Samangsa eta teh koe Pangeran, Allah maneh, didjongklokkeun ti hareupeun maneh, poma-poma maneh oelah ngomong sadjero hate, kijeu: Aing pangdiasoepkeun koe Pangeran, nja koe karana kaběněran aing. Lain koe karana kaběněran maneh, atawa koe karana kaestoean hate maneh, enjana mah koe karana kadorakaän eta sagala bangsa, noe matak koe Pangeran disalingkahkeun ti hareupeun maneh. Běněrna mah maneh koedoe ngingětkeun ka Pangeran, Allah maneh; karana nja andjeunna noe maparin kawasa ka maneh, njijeun kamoektian kitoe. Sabalikna, oepama maneh datang ka mopohokeun ka Pangeran, sarta los noeroet ka aällahan: eta kami ngingětan ka maraneh ajeuna, ana kitoe mah, maraneh tangtoe pisan digempoer, saperti bangsa-bangsa

9