Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
130

noe koe Pangeran digempoer, dileungitkeun ti hareupeun maraneh. Eta bangsa-bangsa, noe koe maneh bakal dibeunangkeun teja, pada ngagoegoe ka toekang metangankeun djeung ka toekang noedjoem; děmi maneh teh hanteu diidinan koe Pangeran milampah kitoe. Ari timbalan Pangeran ka kami: Kami mengke ngajakeun hidji nabi pikeun maranehanana ti tengah doeloer- doeloerna, nja tjara maneh; eta koe maraneh koedoe digoegoe; sarta kami bakal maparin pangandika kami dina biwirna; seug eta bakal njatoerkeun ka maranehanana saniskara noe koe kami ditimbalkeun ka dinja. Geus kitoe, saha-saha djalma noe teu ngagoegoe ka pangandika kami, anoe koe eta ditjatoerkeun mawa djenengan kami, tangtoe kami moendoet katerangan ti noe kitoe. Kami ajeuna menta saksi langit djeung boemi pěrkara maraneh; kami ka maneh geus mopojankeun biroep reudjeung paeh, běrkah reudjeung panjapa: mana manèh geura milih hiroep, soepajana hiroep, nja maneh sarta djeung toeroenan maneh.”

3. Tidinja Pangeran ngandika ka Moesa: „Maneh geura oenggah ka goenoeng Něbo, noe paběněran Jériho, toeloej tendjokeun tanah Kanaän; seug maneh pipaeheun dina eta goenoeng, sakoemaha Haroen, doeloer maneh, paeh di goenoeng Hor, sapedah maraneh moengpang ka timbalan kami di tji Měriba teja.” Oendjoekan Moesa ka Pangeran: Noen Pangeran, Allah ěrohing sadajana daging! moegi ngadjěněngkeun hidji djalma, sina njangking padjèmochan; anoe bade ngaboedalkeun maranebanana sareng noe bade ngasoepkeun maranehanana; sangkan padjèmoehan Pangeran oelah sapertos domba noe taja pangangonna.” Ari timbalan Pangeran ka Moesa: Maneh koedoe njokot Josoca anak Noen; nja eta djalma noe kaäsoepan Roh; seug koe maneh toempangan leungeun, sarta koe maneh djogokeun ka bareupeun sapadjěmoehan. Sarta koe maneh teundeunan kamoeljaän maneh sawareh, soepaja sapadjěmoehan oerang Israil pada noeroet ka dinja. Ari panghoeloe Elasar koedoe mangnaroskeun Josoea ka pajoeneun Pangeran, make noe paranti, nja Oerim teja.” (§ 39, 1). Prak Moesa ngalampahkeun kitoe; toeloej Josoea pinoeh koe