Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/137

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
131

Roh kapinteran. Tidinja Moesa ngabérkahan bangsa Israil, sakaom-sakaomna, toeloej naek ka goenoeng Něbo teja, ladjeng koe Pangeran ditoedoehkeun ka sakoeriling tanah eta. Seng Moesa poepoes di dinja, noeroetkeun timbalan Pangeran. Sarta koe andjeunna dikoeboer dina hidji lebak; tapi taja pisan djalma noe njaho koeboeranana, topi ka poë ajeuna. Ari Moesa teja, mangsa poepoes, oemoerna 120 taoen; tatjan lamoer sotjana, sarta tatjan soeda bajoena. Geus kitoe oerang Israil pada njeungtjeurikan Moesa 30 poë lilana.


PASAL IV.
Tjarijos Josoea djeung para Hakim.

$49. Diasoepkeunana ka tanah Kanaän.

(Josoea 1-5.)

1. Sanggeus poepoes Moesa, ladjčng Pangeran nimbalan ka Josoea, (¹) kijeu timbalanana: „Maneh teh masing tegěr djeung masing gede hate piaan; koedoe ngestoekeun ngalampahkeun saoenina Toret, anoe diparentahkeun ka maneh koe Moesa, abdi kami; poma oelah njimpang ti dinja ka katoehoe atawa ka kentja. Eta kitab Toret teh oelah pisah ti biwir maneh; nja koedoe koe maneh dipikir-pikir beurang-peuting, soepaja maneh ngestoekeun ngalampahkeun téroes sakoemaha noe kaoengělkeun dina eta kitab; karana ari kitoe mah djalan maneh tangtoe loeloes, sarta ari kitoe mah maneh tangtoe pintěr lalampahan."

(¹) Ari Juwoea eta saroewa panghartina djeung Jesoes, Josoes, nja eta basa Ibrani. Jesoев, nja eta basa Joensui. Josoea teb djadi kalangkang Jesoes. Saperti Josoes nganteurkeun bangsa Israil tina tegal kikisik kana djèro tanah Kanaän, Dja eta tanah anoe labar-leber tjisoesoe djeung madoe, pja kitoe deui djalma përtjaja koe Goesti Jesoes dianteurkeun tina doenya sangsara kana roureuhna tanah Kanaan ance di sawarga.

2. Tidinja Josoea miwarangan doewa djalma, baris lolongok ririkipan. Eta daratang ka Jeriho, seg mondok di imah hidji awewe ngaran Rahab. Geus kitoe aja noe ngoeninga eta ka