Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/139

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
133

jen kami teh njarengan ka maneh, sakoemaha kami tadi njarengan ka Moesa.” Geus kitoe, mangsa djalma-djalma arindit ti himah-himahna, sědja meuntas tji Jordan, seug para panghoeloe noe ngagotong pěti përdjangdjian teh arangkat ti heulaeun djalma-djalma. Djeung soekoe para panghoeloe teh antjlom kana sisi tjai; seug tjai noe ngotjor ti girang ngabaděnden, beungkak saperti hidji toempoekan; sarta ari noe ngotjor ka laoet Oejah, bejak kateukteuk. Děmi para panghoeloe noe ngagotong pěti pěrdjangdjian, ngaraděg di noe saät, di tengah-tengah tji Jordan, sarta tětěp; ari sabangsa Israil pada meuntas di noe saät. Děmi geus kitoe, seug pěti Pangeran ge meuntas, sarta djeung para panghoeloe, di hareupeun djalma-djalma; seg tjai tji Jordan datang deui ka parantina. Toeloej oerang Israil masanggrahan di Gilgal, anoe ti wetaneun Jeriho. Ari batoe 12 siki, beunang njokot ti tji Jordan, koe Josoea diadegkeun di Gilgal, geusan pangingět-ngingět pikeun oerang Israil Balalanggengna. Mangsa oerang Israil keur masanggrahan di Gilgal, toeloej pada milampah paska. Sabada paska, isoekna, pada dadabaran gandoem tanah eta. Ari Man teja eureun.

§ 50. Kapala balad Pangeran. Jeriho. Akan.
Běrkah djeung panjapa.

(Josoea 5-8.)

1. Ari geus kitoe, keur Josoea di deukeut Jeriho, hidji waktoe tjengkat sotjana sarta ningali, beh aja hidji djalma ngaděg papajoen-pajoen, sarta pananganana njëkel pědangna beunang matěk. Sor koe Josoes dideukeutan, bari dipariksa: „Sampejan teh batoer kaoela, atawa moesoeh?” Ari walonanana: „Lain, satěgěsna kami teh kapala balad Pangeran.” Broek Josoea njoeoeh kana taneuh, sarta soedjoed, ladjeng koe andjeunna ditimbalan: „Geura ngalaän taroempah tina soekoe maneh; karana ijeu enggon, anoe keur ditintjak koe maneh, nja soetji.” (¹) Nimbalan Pangeran ka Josoea: „Masing nganjahokeun, eta Jériho koe kami geus diselehkeun ka leungeun maneh. Maraneh, sakabeh