Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/140

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
134

pradjoerit, koedoe ngoerilingan eta nagara, nja moetěr nagara teh sakali; kitoe pilampaheun maneh gěněp poë lilana. Ari dina poë noe katoedjoeh maraneh koedoe ngoerilingan nagara teh toedjoeh kali, sarta eukeur katoedjoeh ngoerilingan, panghoeloe koedoe narijoep tarompet, djeung sakabeh djalma koedoe saroerak, masing bědas soerakna; didinja koeta nagara bakal roegroeg sadasarna.” Sakitoe pisan koe Josoea dilampahkeun; broeg koeta

roegroeg sadasarna; (²)[1] seg djalma-djalma aroenggah ka nagara, masing-masing asoep ka noe dihareupan, sarta nagara teh dibeunangkeun. Ari saniskara noe aja di djěro nagara koe maranehanana diharamkeun. Ari sakabeh ěmas-perak diasoepkeun ka radja-brana gědong Pangeran. Děmi Rahab djeung saeusi-imahna dihiroepan. (³)

  1. (¹) Eta kapala balad Pangeran, samangsa nembongan ka Ibrahim, ka Ishak djeung ka Jakoeb, andjeunna diseboetkeun Malaikat ti Pangeran.