Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
143

peuting. Isoek-isoek djalma nagara eta haroedang, seug pada ngomong djeung batoerna: „Na saha noe migawe pěrkara kitoe?” Aja noe ngaromong: „Gidion poetra Joas noe migawe perkara kitoe.” Tidinja djalma nagara eta ngaromong ka Joas: Eta poetra sampejan bidjilkeun, dek dipaehan." Děmi saoer Joas: Naha maraneh dek mangmadoeankeun Baäl? atawa hajang noeloeng ka dinja? Oepama ĕnja eta teh Allah, sina padoe koe maneh.” Mana Gidion dina poë harita koe ramana diseboet Jeroeb-Baal (tégěsna: Baäl sina padoe ka dinja). Ari oerang Midian karoempoel, toeloej Roh Pangeran toeměérap ka Gidion; pek nijoep sangkakala, sarta Gidion ngoetoesan ngideran kaom-kaom, seug eta oge koempoel, ngiring andjeunna. Djeung deui Gidion oendjoekan ka Allah: „Madak jaktos andjeun kersa njalamětkeun Israil koe lantaran koering, sakoemaba pangandika andjeun teja, jjeu noen, koering sědja neundeun hidji koelit domba boeloean dina pangirikan; oepami aja tji-iboen dina koelit woengkoel, doepi di saloewar taneuh mah toehoer, koering teh terang, estoe andjeun kersa njalamětkeun Israil koe lantaran koering." Nja kitoe djadina. Ari isoekna Gidion oendjockan deui ka Allah: „Moegi oelah djadi bendoe ka koering, rehing koering oendjoekan sakali deui bae, moegi koering diwidian njoba sakali deui bae koe koelit teh; ajeuna koelitna woengkoel moegi sina toehoer, doepi di saloewar taneuh mah moegi aja tjiiboen.” Seug Allah midaměl kitoe dina peuting eta.

3. Tidinja Gidion dangdan, kitoe deui sakabeh djalma noe ngiring. Geus kitoe Pangeran nimbalan: Djalma noe ngareudjeungan ka maneh loba teuing, kami moal njelehkeun Midian ka leungeun eta, soepaja Israil oelah ngagoengkeun maneh, ngomong kijeu: Aing disalamětkeun soteh koe leungeun sorangan. Mana ajeuna geura ngoewarkeun, sing kadenge koe djalma-djalma, kijen nja pok: Saha-saha noe sijeun atawa inggis, geura balik bae!” Seug tina bala 22,000 noe balik, kari 10,000 djalma. Nimbalan deui Pangeran ka Gidion: „Djalma teh masih loba teuing; koe maneh bawa toeroen ka tjai, toeloej sakoer noe