Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
9

§ 4. Kain djeung Habil, sarta toeroenan
Kain djeung Set.

(1 Moesa 4, 5.)

1. Mangsa Hawa ngowokeun anakna noe tjikal, seug njaoer, kijeu pokna: „Aing meunang lalaki ti Pangeran.” Toeloej dingaranan Kain (těgěsna Pakarang). Ari adina dingaranan Habil (těgěsna Napas). (¹) Seug Habil djadi pangangon domba, děmi Kain djadi ahli tani. Ari geus kitoe, meunang sababaraha lilana, seug Kain njanggakeun pangabakti ka Pangeran, njokot tina hasil taneuh. Ari


Habil pon kitoe keneh njanggakeun, njokot tina tjikal-tjikal dombana sarta tina gadjihna. Ladjěng Pangeran ningali ka Habil djeung ka pangabaktina; děmi ka Kain djeung pangabaktina hanteu pisan ningali. Heug Kain teh panas katjida, sarta toengkoel beungeutna. Tidinja Pangeran nimbalan ka