Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10

Kain: „Koe naon maneh noe matak panas, sarta beungeut maneh naha mana toengkoel? Geus tangtoe, oepama maneh migawe kahadean, bisa tjěngkat; sabalikna oepama hanteu migawe kahadean mah, dosa geus ngaděpong di hareupeun lawang, sarta ngarah ka maneh; ari maneh teh masing kawasa ka dinja.”

(¹) Mangsa Kain didjoeroekeun, Hawa teh aja panjana, nja eta noe bakal ngelehkeun toekang ngagoda. Kitoe noe matak boedak teh dingaranan Kain, těgěsna: Pakarang. Tatapi moal lila deui manahna geus tērangeun, jeu salah panjanana. Koe tina sabab eta, mangsa Habil didjoeroekeun, eta dingaranan Napas, sabab pangharěpanana moenggoeh Kain lěs leungit, kawas napas. „Ari hate djalma djoelig ti batan saniskara, estoe gering katjida eta teh; saha noe pinjahoěun?” Jěr. 17:9.

2. Pok Kain ngomong ha Habil adina. Geus kitoe keur mangsa araja di těgal, pek Kain teh dangdan, ngarontok ka Habil adina, sarta dipaehan sakali. Tidinja Pangeran nimbalan ka Kain: „Di mana Habil, adi maneh?” Ari wangsoelanana: „Doeka teuing! Naha koering koedoe ngadjaga ka doeloer?” Timbalanana deui: „Naha maneh migawe naon? Aja sowara gětih adi maneh sasambat ka kami tina taneuh. Samangsa maneh migawe taneuh, moal ngabidjilkeun deui kahasilanana ka maneh; eta maneh bakal ngalantoer oeprak-aproek di boemi.” Oendjoekan Kain ka Pangeran: „Siksaän koering gěde teuing, moal beunang ditanggoeng! Sing saha-saha noe měndak ka koering, tinangtos maehan ka koering.” Děmi timbalan Pangeran ka dinja: „Koe sabab eta, saha-saha noe maehan ka Kain, bakal dibalės toedjoeh patikēlaneun.” Malah-malah Pangeran maparin tanda ka Kain, soepaja oelah dipaehan koe noe manggih ka manehanana.

3. Tidinja pamadjikan Kain ngadjoeroekeun Hanok. Geus kitoe Kain njijeun hidji nagara, sarta eta nagara dingaranan Hanok, noeroetkeun ngaran anakna. Aja toeroenan Hanok, noe ngaran Lamek. Ari Lamek teh boga doewa pamadjikan; ngaran noe hidji Adah, ari ngaran noe hidji deui Silah. Ari Adah ngadjoeroekeun Jabal; nja eta noe djadi bapa sakoer noe ngěnggonna make himah djeung boga ingon-ingon. Ari ngaran adina Joebal; nja eta noe djadi bapa sakabeh toekang ngatjapi djeung toekang