Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/153

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
147

Amon koe andjeun dipaparinkeun ka leungeun simkoering, ari geus kitoe, naon bae noe ka loewar, bidjil ti panto rorompok simkoering, manggihan simkoering, dimana simkoering wangsoel ti oerang Amon sareng kasalamětan, nja eta teh bade ka Pangeran, sědja simkoerin ngoerbankeun, didjijeun koerban doeroekan.” Toeloej Jeptah ladjěng ka oerang Amon, sarta měrangan ka dinja; seug koe Pangeran diselehkeun ka pananganana. Tidinja Jeptah soemping ka boemina; doemadakan, poetrana noe awewe ka loewar, mapagkeun andjeunna, make něrěbang sarta ngigel; ari eta teh poetra noenggal. Ari geus kitoe, Jeptah njosoëk panganggona, bari misaoer: „Alah anaking! njai teh ngahěroekkeun teuing ka ama; karana ama geus ngangah biwir ka Pangeran, sarta teu kadoega oendoer.” Wangsoelan poetrana: „Noen ama! soemangga pidaměl ka simkoering sakoemaha noe ka loewar ti lamběj ama, sarebing ama koe Pangeran geus dipaparin balěsan ti moesoeh ama.” Toeloej leumpang, nja pribadina djeung rentjang-rentjangna, sarta njeungtjeurikan kalandjanganana di goenoeng-goenoeng. Ari geus kitoe, sanggeus toetoep doewa boelan, seug moelang deui ka ramana; prak ramana ngalaksanakeun nadarna ka dinja.

§ 56. Simson.

(Para Hakim 13-16.)

1. Tidinja oerang Israil marigawe deui noe goreng di pajoeneun Pangeran; ladjéng koe Pangeran diselehkeun ka leungeun oerang Pělisti, 40 taoen lilana. Hidji waktoe Malaikat Pangeran nembongan ka pamadjikan Manoah, noe kaäsoep kaom Dan, sarta ngalahir ka dinja kijeu: „Masing njaho, maneh bakal ngadjoeroe hidji anak lalaki; eta oelah nginoem anggoer atawa arak, sarta sirahna teu meunang ditjoekoer; karana pidjadieun nasir Allah (tendjokeun § 41, 2), sarta nja eta bakal ngamimitian njalametkeun Israil ti leungeun oerang Pelisti.” Tidinja Manoah něněda ka Pangeran, kijeu panědana: Noen Goesti! eta piwarangan Allah, noe koe andjeun dipiwarang teja,