Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/154

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
148

moegi sina tjalik deui ka koering doewaän, sarēng ngawoeroek ka koering koemaha nja pilampaheun koering ka eta boedak, anoe bade didjoeroekeun.” Ari paněda Manoah koe Allah dimakboel. Toeloej Malaikat Allah tjalik deui ka eta awewe; kaběněran awewe teh dijoek di kěbon. Ngageuwat loempat, ngala salakina. Oendjoekan Manoah ka Malaikat Pangeran: „Moegi kërsa diandég koe simkoering; sědja njadijakeun hidji anak ěmbe pihatoeraneun andjeun.” Lahiran Malaikat Pangeran: „Sanadjan kami koe maneh diandég, moal ngadahar soegoeh maneh; sarta oepama maneh hajang mặtakeun koerban doeroekan, koedoe koerbankeun ka Pangeran.” Wantoe-wantoe Manoah teu těrangeun, jen eta teh Malaikat Pangeran. Sarta Manoah oendjoekan: „Saha djěněngan andjeun?” Lahiran Malaikat: „Keur naon maneh nanjakeun ngaran kami? da eta teh adjaib.” Top Manoah njokot hidji anak embe sarta djeung koerban kadaharan; seg dikoerbankeun ka Pangeran dina loehoer batoe karang. Ari Malaikat teh lampahna adjaib; karana keur barang hoeroengna tina altar njělěboeng ka langit, seug Malaikat Pangeran moenggah di djěro hoeroenging altar. Didinja Manoah geus tērangeun, jen eta teh Malaikat Pangeran.

2. Tidinja eta awewe ngadjoeroekeun hidji anak lalaki , sarta dingaranan Simson. Ari eta boedak ngagědean, djeung di běrkahan koe Pangeran. Hidji mangsa mijangna ka nagara Timna, seug ningali hidji landjang, anak Pělisti. Toeloej moelih, mihatoer ka iboe-ramana: „Moegi eta ditjandak keur pibodjoëun koering.” Ari hal kitoe teh ti Pangeran; karana Simson nejangan pisababeun ti oerang Pělisti. Tidinja mijangna deui ka Timna; doemadakan, kapapag koe hidji singa ngora ngagaoer. Kalērēsan Simson disoempingan Roh Pangeran; pek singa teh dibebekkeun, saperti ngabebekkeun anak ěmbe. Geus rada lila antarana, Simson leumpang deui, dek ditikah. Keur di djalan sindang, ningalian bangke singa teja; doemadakan, di djěrona aja sajang njiroean, sarta madoean. Top ditjandak, bari seug ladjěng, sarta ngadaharan bari angkat. Ari geus dongkap, Simson