Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/155

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
149

ngadaměl hadjat; toeloej njarokot 30 pirentjangeun, sina ngabatoeran ka dinja. Pok Simson misaoer ka eta: „Kaoela aja hidji toetoeroetjingan ka maraneh; oepama koe maraneh dipoepoelihkeun ka kaoela di sadjěro toedjoeh poë hadjat ijeu, sarta kapanggih, kaoela sanggoep ka maraneh mere badjoe lawon katji 30 siki djeung 30 siki badjoe pisalin. Sabalikna, oepama teu bisa moepoelihkeun mah ka kaoela, seg maraneh koedoe mere ka kaoela nja tjara sakitoe.” Ari djawabna: „Mangga, tjarijoskeun toetoeroetjingan sampejan.” Saoer Simson ka darinja: „Ti noe ngahakan bidjil kahakanan, ti noe bědas bidjil kaämisan.” Děmi teu barisaeun moepoelihkeun. Seug eta ngaromong ka garwa Simson: „Tjik, tjaroge njai woedjoek, soepaja ka oerang moepoelihkeun eta toetoeroetjingan; bisi njai djeung boemi-rama njai koe kaoela dihoeroe koe seuneu.” Toeloej garwa Simson nangis di pajoeneunana, bari misaoer: „Akang geuleuh bae ka koering, moal ěnja asih; akang toetoeroetjingan ka anak bangsa koering, ari ka koering hanteu dipaparin njaho.” Ari dina poë noe katoedjoeh seug dipoepoelihkeun bae ka garwana, tina njesedék teuing ka andjeunna. Gantjang koe eta istri dipoepoelihkeun deui ka anak bangsana teja. Pok eta malihatoer ka Simson dina poë noe katoedjoeh, samemeh panonpoë soeroep: „Naon noe amis ti batan madoe? naon noe bědas ti batan singa?” Děmi saoerna ka darinja: „Lamoen maraneh teu ngawoeloekoe koe sapi kaoela, toetoeroetjingan kaoela koe maraneh moal kapanggih.” Bral mijang ka nagara Askělon (tanah Pělisti keneh), pek njabětan 30 djalma oerang dinja, sarta papakeanana ditjandak, sok ngaleler pisalin ka noe pada moepoelihkeun toetoeroetjingau teja. Ari Simson djadi běndoe, sarta moelih ka boemi ramana.

3. Ari geus rada lila antarana, dina oesoem diboewat tarigoe, seug Simson ngandjang ka garwana. Tjarek bapana: „Panjana bapa, agoes teh geuleuh ka inja, noe matak koe bapa geus dibikeun ka rentjang agoes.” Pok Simson misaoer: „Sakali ijeu aing teu salah ka oerang Pělisti, lamoen aing njijeun katjilakaän ka dinja.” Bral Simson angkat, meunangkeun tjareuh 300 siki,