Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
150

toeloej dikantet-kantetkeun boentoet pada boentoet, djeung diteundeunan hidji obor dina antara doewa boentoet, di těngah těngahna. Pek obor teh disaroendoetan, bari seug tjareuh dileupaskeun ka piboewateun oerang Pelisti; toeloej kahoeroean, boh toempoekan gandoem, boh piboewateun, kitoe keneh kebon djetoen. Ari oerang Pělisti geus těrangeun noe matak Simson migawe kitoe, toeloej moeroeboel, pek eta awewe djeung bapana didoe roek koe seuneu. Toeloej Simson tjalik dina hidji beulah goenoeng tjadas Etam, tanah Joeda. Tidinja perang Pelisti arindit, ngaroeroeg ka oerang Joeda. Pek Simson dibarogod koe oerang Joeda, dipake doewa tambang weuteuh, bari toeloej diariringkeun ti goenoeng tjadas teja; heg koe oerang Pělisti dipapagkeun koe soerak. Kalěrěsan Simson disoempingan Roh Pangeran, seg tambang noe dina pananganana djadi kawas lambaran haramaj toetoeng koe seuneu; barogodna leboer ti pananganana. Beh Simson měndak hidji tjatjapek kalde, baseuh keneh, pek ditjandak, dianggo neunggeulan, meunang 1000 djalma.

4. Hidji mangsa Simson angkat ka nagara Gasa (nja nagara oerang Pělisti); seug di dinja tjalik ka hidji awewe. Tidinja oerang Gasa ngalingkoengan sarta ngabongohan ka andjeunna dina lawang nagara, tatapi tjaritjing bae sapeupeuting, ngomongna: „Keun, tépi ka braj beurang, seg koe oerang dipaehan.” Děmi wantji těngah peuting Simson tanghi, kék njěkėl panto lawang nagara kalawan tihangna noe doewa, ditjaboet katoet toelakna; djoeng dipoendak, bari seug dibawa oenggah ka poentjak goenoeng, noe di hareupeun nagara Hebron. Ari geus kitoe, sanggeusna ti dinja, toeloej Simson bogoheun ka hidji awewe, ngaranna Dělila. Seug gěgědoeg oerang Pělisti ngaromong ka eta awewe: „Koedoe ngawoedjoek ka Simson, sarta tangenan dina naon kabědasanana noe sakitoe gěde teh, seg kami ka maneh tangtoe pada mere 1100 wang perak sewang.” Tidinja Dělila ngomong ka Simson: „Tjik, paparin njaho ka koering, dina naon kabědasan andjeun noe sakitoe gěde?” Diwalon koe Simson: „Depamakaoela dibarogod koe toedjoeh lambar loeloeb hedjo, noe tatjan toehoer, tangtoe kaoela