Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/157

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
151

leuleus, djadi tjara djalma noe sedjen bae.” Prak koe awewe teh lambar kitoe dibarogodkeun ka Simson, eukeurna sare. Pok Dělila ngomong ka andjeunna: „Eh Simson! diboeroedoeg oerang Pělisti !” Djěmproeng loeloeb teh koe andjeunna dipěgatkeun, sakoemaha mégatkeun tali indjoek noe geus ngambeu seupeu. Seug doewa kali deui eta awewe dibobodo koe Simson. Ari geus kitoe, tina njěsěděk ka andjeunna koe omonganana, saban-saban poë, sarta bari dikeukeuhan, lila-lila keuheul manahna, asa rek paeh. Toeloej bae nganjatakeun ka dinja saeusi manahna; ari saoerna: „Oepama kaoela ditjoekoer, kabědasan kaoela tangtoe leungit.“ Tidinja Simson koe Dělila disina sare dina lahoenanana; seug njěloekan hidji djalma, pek koe eta ditjoekoeran noe toedjoeh oentoen sirahna. Pok Dělila ngomong: „Eh Simson! diboeroedoeg oerang Pelisti!" Neut Simson tanghi tina sarena, bari misaoer: „Aing dek kaloewar tjara ka toekang-toekang, sarta gigibrig;" karana teu oeningaeun, jen Pangeran geus njingkah ti andjeunna. (1) Kěk andjeunna koe oerang Pělisti ditjěkěl, sarta ditjokel sotjana, bari toeloej diiringkeun ka Gasa, sarta dirante tambaga; geus kitoe gawena ngagiling di djěro pangberokan . Děmi ramboetna mandjangan deui sanggeusna ditjoekoer.

(¹) Lain ramboetna noe matak Simson sakitoe gede koewatna, eta kitoe sabab Simson gens padarkeun dirina pribadi ka Pangeran. Andjeunna djadi ahli nasir. Samangsa ramboetna dipotong, panadarna pėgat sarta Allah njingkah ti dipja. Ajeuna Simson teh njandang sangsara. Tatapi sangsara teh noengtoen kana tobat. Mantas tobat ladjěng koe Allah dipaparin, ari panadarna sah deui; noe matak ramboetna dek pandjang deui sarta kakoewatanana djadi deui.

5. Tidinja gěgědoeg oerang Pělisti karoempoel, koekoerban rosa pisan ka Dagon, aällahanana, sarta soekan-soekan; seg ngaromong: „Geura ala si Simson, sina ngabodor pikeun oerang!" Gantjang Simson diala ti pangberokan, rowangan tihang. Toeloej sasambat ka djoekna: „Noen Goesti Pangeran! moegi Allah! moegi ngabědaskeun ka koering disina nangtoeng dina Pangeran, kijeu pioen emoet ka koering; noen sakali ijeu bae.” Pek