Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/158

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
152

Simson nangkeup doewa tihang noe di tengah, anoe ditoempakan sarta ditěkěn koe eta gědong; noe hidji koe panangan katoehoe, noe hidji deui koe panangan kentja. Pok Simson misaoer: „Kadjeun diri aing paeh djeung oerang Pělisti!” Seug andjeunna toengkoel sakoewat koewat, broeg gědong teh roeboeh, ninggang ka sakoer gěgědoeg djeung ka sakabeh djalma noe aja di djěro. Ari djalma beunang Simson: maehan dina poepoesna, loba ti batan noe koe andjeunna dipaehan dina keur hiroepna.

§ 57. Tjarijos Roet.
(Kitab Roet.)

1. Keur djaman para Hakim, hidji mangsa patjěklik dina djěro tanah. Geus kitoe aja hidji djalma, ngaran Elimelek, leumpang ti Bet-Lehem, sědja ngoembara di tanah Moab; leumpangna djeung Naomi, pamadjikanana, sarta djeung anakna 9 lalaki noe doewa. Geus kitoe Elimelek maot. Anakna doewanana seug boga pamadjikan ka perang Moab; ngaran noe hidji Orpa, ari ngaran noe hidji deui Roet; ari ngarěnggonna di dinja watara sapoeloeh taoen Toeloej eta doewa anak lalaki teja paraeh deui. Geus kitoe Naomi dangdan djeung minantoena, sēdja moelang ti tanah Moab; karana ngadenge bedja, jen Pangeran geus ngalajad ka oematna, dipaparin deui rédjéki. Keur di djalan, Naomi ngalahir ka doewa minantoena: „Geura leumpang moelang, masing-masing ka imah indoeng sorangan. Moegi-moegi Pangeran midaměl kahemanan ka maraneh, sakoe maha noe koe maraneh geus dilampahkeun ka noe maraot sarta ka diri ēma.” Sěgrak-ségroek pada tjeurik; seug Orpa njijoem, amit ka mitoha, děmi Roet mah ngarakětan ka dinja. Ngomong Naomi: „Tah, lantjeuk maneh geus moelang ka bangsana djeung ka batarana; maneh oge geura moelang, noetoerkeun lantjeuk.” Wangsoelan Roet: „Oelah njěség ka simkoering, ninggalkeun ěma; salěrěsna, ka mana bae ěma angkat, simkoering sědja ngiring; bangsa ěma nja bangsa simkoering, sarěng Allah ěma