Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/161

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
155

neboes.” Saoer deui Boas: „Samangsa sampejan ngagaleuh eta lahan, koedoe nikah Roet, pikeun ngaděgkeun ngaran noe maot dina milikna.” Ngadjawab poerah něboes teh: „Teu kadoega kaoela mah; koe sampejan bae těboes keur diri sampejan.” Misaoer Boas ka kokolot-kokolot: „Kaoela ka sadaja menta saksi ajeuna.” Ngadjawabna: „Tarima djadi saksi. Moegi-moegi eta istri, anoe asoep ka boemi sampejan, koe Pangeran disamikeun sarēng Rahel sarawoeh sarēng Lea!” Tidinja Roet teh koe Boas ditjandak, sarta djadi garwana; toeloej ngowokeun poetra lalaki, noe dingaranan Obed; nja eta rama Isai, anoe rama Dawoed.

Katěrangan. Aja adat oerang Israil ti baheula, nja kijeu: lamoen aja djalma noe paeh sarta teu boga anak, seug pamadjikanana koedoe dikawin koe doeloerna, atawa koe baraja uoe pangdeukeutna; toeloej tjikalna, noe eta awewe didjoeroekeun, dibere ngaran salakina noe geus maot, djeung deui djadi ahli-waris bapana noe paeh teja.


§ 58. Eli djeung Samoeël.
(1 Samoeël 1-7.)

1. Keur djaman panghoeloe agoeng Eli, noe ngahakiman Israil 40 taoen lilana, aja hidji djalma, ngaranna Elkana, sarta pamadjikanana, noe ngaran Hanna, teu boga anak. Ari eta djalma saban-saban taoen sok mangkat ti nagarana, baris sěmbahijang, sarta baris ngoerban ka Pangeran di Silo (enggon himah těpangan teja), sarta Hanna reureudjeungan. Ari Hanna teh ngěněseun pisan pikirna, bari tjeurik kanjenjěrian, sarta ka loewar nadar, kijeu: „Éh Pangeran sawadya-balad! madak ka abdi kérsa maparin hidji toeroenan, sarta lalaki, koe abdi eta bade disanggakeun ka Pangeran saoemoer hiroepna, sareng sirahna moal didatangan peso tjoekoer.” Ari geus kitoe, tina sabab mantěng něnédana ka pajoeneun Pangeran, noe matak Eli nitenan ka biwirna. Děmi Hanna ngomongna sadjěroning hate, ngan koenjam-koenjěm biwirna, teu kadenge sowarana; noe matak koe Eli disangka mabok. Pok Eli ngalahir ka Hanna: