Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/162

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
156

„Sabaraha pililaeunana deui maneh nja rek mabok?” Ngawangsoel Hanna: „Sageuj, djoeragan! abdi teh awewe beurat hate; sajaktosna abdi teh ngoetjoetkeun hate abdi ka pajoeneun Pangeran.” Ngawalon Eli, kijeu walonanana: „Geura moelang bae sarta kasěnangan; ari Allah Israil tangtoe maparin paněda maneh, anoe koe maneh disoehoenkeun ka andjeunna.” Ari Pangeran emoeteun ka dinja, toeloej ngadjoeroe hidji anak lalaki, sarta dingaranan Samoeël (těgěsna beunang njoehoen keun ti Allah). Barang geus dibeuteungan njoesoe, seg dianteurkeun ka Eli. Toeloej njanggakeun boedak teh, bari Hanna oendjoekan: „Noen, djoeragan! abdi teh awewe anoe marěk di dijeu pajoeneun andjeun, něněda ka Pangeran teja. Noe ditěda koe abdi teh, nja ijeu boedak. Kitoe noe mawi eta koe abdi disaoskeun ka Pangeran, sapandjang oemoerna, sarehing beunang njoehoenkeun ti Pangeran.”