Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/163

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
157

2. Ari poetra Eli, Hopni djeung Piněhas, noe djadi panghoeloe Pangeran di Silo, nja djalma balangkawarah; teu nganjarahokeun ka Pangeran. Ari Eli geus sěpoeh katjida, sarta ngadangoe warta hal saniskara, noe dilampahkeun koe poetrana. Toeloej dilahiran kijeu: „Naha oedjang marilampah perkara noe kitoe pětana? Oelah kitoe, anaking! karana lain bedja hade, noe kadenge koe ama. Tatapi eta teh teu ngagaroegoe kana lahiran ramana. Aja hidji piwarangan Allah, soemping ka Eli, sarta misaoer ka andjeunna: „Aja timbalan Pangeran kijeu: „Maneh ka anak hormat alah batan ka kami. Noe hormat ka kami, koe kami dihormat deui, děmi noe ngajehkeun mah ka kami, ditjoemahkeun. Anak maneh doewanana pipaeheun dina sa poë. Djeung kami rek ngajakeun pikeun kami hidji panghoe loe noe satoehoe; nja eta tangtoe ngalampahkeun sakoemaha noe dina manah kami djeung dina pangraos kami.” (Tendjokeun $ 70, 1.

3. Dina djaman eta pangandika Pangeran larang pisan; taja titingalian anoe lahir. Doemadakan, Samoeël keur sare dina kabah Pangeran. Tidinja Pangeran njaoer Samocël. Seug moeroe ka Eli, bari oendjoekan: „Noen, ijeu koering; karantěn andjeun njaoer koering.” Děmi lahirna: „Kami teu njaoer; balik bae, geura ngěděng.” Ari Samoeël tatjan nganjahokeun ka Pangeran, sarta pangandika Pangeran tatjan diëbrehkeun ka dinja. Tidinja Pangeran njaoer deui ka Samoeël. Ari katiloe-kalina koe Eli kahartos, jen Pangeran noe njaoer ka boedak, sarta Eli ngalahir ka dinja: „Oepama njaoer deui ka ēnoeng, koedoe ngawangsoel: „Noen Pangeran! mangga ngandika, karantěn abdi andjeun sědja ngoepingkeun.” Ladjěng nimbalan Pangeran ka Samoeël: „Kami rek ngaboektikeun ka Eli saniskara, noe koe kami diandikakeun perkara saeusi-imahna, tina hal kadorakaän, noe kanjahoan koe manehanana; sabab anakna pada migawe noe mawa panjapa ka dirina, děmi koe manehanana teu ditjarek tjarek atjan.” Ari Samoeël sijeuneun ngoeningakeun eta tetendjoan ka Eli. Tidinja Eli njaoer ka Samoeël; ari lahirna: „Naon