Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/164

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
158

pangandika, noe koe andjeunna diandikakeun ka ěnoeng? Pomaoelah disalingkoehkeun ka kami.” Seug Samoeël ngoeningakeun ka andjeunna eta sadajana pangandika. Ari lahir Eli: „Andjeunna teh Pangeran ; moegi ngadaměl sakoemaha pihadeëunana di pajoeneun andjeunna.” Ari Samoeël teh beuki ngagědean, sarta Pangeran njarěngan ka dinja; djeung sadajana pangandikana taja noe diragragkeun kana taneuh. Geus kanjahoan koe sabangsa Israil, jen Samoeël sajaktina didjadikeun nabi Pangeran.

4. Tidinja perang Israil boedal, mapag oerang Pelisti, sědja měrangan; seug Israil eleh. Pok kokolot Israil njalaoer: „Hajoe, oerang ti Silo njokot ka oerang eta pěti pěrdjangdjian Pangeran, sina datang ka těngah oerang, sarta njalamětkeun oerang ti leungeun moesoeh oerang.” Barang Hopni djeung Piněhas reudjeung pěti pěrdjangdjian Allah datang ka pasanggrahan, gěr sakabeh oerang Israil saroerak; toeloej oerang Pělisti sijeuneun, karana aromongna: „Allah soemping ka pasanggrahan; pitjilakaeun oerang teh! Saha noe pibisaeun ngaloepoetkeun oerang ti panangan eta Allah noe leuwih moelja? Nja eta teja Allah, noe ngageboeg ka oerang Měsir koe saroepaning balahi. Ehoerang Pělisti, sing pada talėgěr!” Toeloej oerang Pělisti měrangan, seug Israil eleh. Malah pěti Allah kadjarah, sarta poetra Eli noe doewa teja paraeh. Aja hidji djalma losloempat ka Silo, bebedja ka Eli; barang njěboetkeun pěti Allah, broeg Eli teh geubis tina korsi tidjặngkang, potong těnggěkna, toeloej poepoes; wantoe andjeunna geus sěpoeh, sarta beurat.

5. Tidinja oerang Pělisti njokot eta pěti Allah, seug diasoepkeun ka djěro imah Dagon, diteundeun deukeut Dagon (nja eta artja noe boga leungeun djeung sirah tjara djalma, sarta badanna roepа badan laoek tjai). Ari isoekna Dagon teh geus roeboeh, beungeutna kana taneuh, ka hareupeun pěti Pangeran. Pek Dagon tehditjokot, diteundeun deui ka enggonna. Ari isoekna Dagon teh geus roeboeh deui, sarta hoeloena djeung