Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/166

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
160

loedoeg ka oerang Pelisti, ngagoeroehna rosa pisan, sarta digoedjroedkeun, toeloej eleh di hareupeun Israil. Tidinja Samoeël njandak hidji batoe, diteundeun pikeun tanda pangingět-ngingět, sarta dingaranan Eben-Haeser, ari lahirna: „Těpi ka ajeuna Pangeran mitoeloeng ka oerang. "Tah, kitoe oerang Pēlisti teh ditoendoekkeun, teu datang datang deui ka wěwăng keran Israil.


PASAL V.
Djaman Para Radja.
$ 59. Saoel djadi radja.
(1 Sam 8-14.)

1. Ari geus kitoe, mangsa Samoeël geus sēpoeh, seug poetrana lalaki koe andjeunna didaměl hakim, njangking Israil. Tatapi poetrana teu ngalakonan djalan andjeunna, satěgěsna serong; pada ngoedag kaoentoengan, sok narima paroeroeba djeung njerongkeun běběněran. Tidinja sakabeh kokolot Israil karoempoel, sarta ngadareuheusan ka Samoeël, bari mihatoer ka andjeunna kijeu: „Salěrěsna andjeun geus sěpoeh, sarěng poetra andjeun teu ngalakonan djalan andjeun; ajeuna simkoering moegi pangdamělkeun radja, pikeun ngahoekoeman ka simkoering, sapertos sadajana bangsa-bangsa; toer piboedaleun ti heulaeun koering, sarawoeh ngoeroeskeun pěrang koering.” Děmi pangraos Samoeël, eta pěrkara goreng. Ari timbalan Pangeran ka Samoeël: „Toe roetkeun koe maneh omongan eta djalma-djalma, sapamentana ka maneh; karana lain maneh anoe dipitjeun koe eta teh, satégěsna mitjeun kami, soepaja kami oelah ngaradjaän ka maranehanana.”

2. Aja hidji djalma kaom Binyamin, ngaran Kis. Nja eta boga hidji poetra lalaki, ngaran Saoel, ngora sarta kasep; ti sěrěk taktakna kaloehoerkeun eta teh djangkoeng ti djalma noe loba. Hidji mangsa kalde bikang bogana Kis laleungit. Toeloej Saoel leumpang nejangan eta kalde; seg ngadjoegdjoeg