Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
12
araja noe ibadah, noe ngalampahkeun agama, noe përtjaja kana perdjangdjian Allah. Ari boektina nja eta pilahir Lamek keur mangsa Ěnoh bade diowokeun: Ijeu teh měngke ngalilipoer ka oerang tina sabab pagawean oerang djeung tina sabab kasoesahan leungeun oerang, tina sabab boemi noe disapa koe Pangeran.”


§ 5. Tjaäh gěde.

( 1 Moesa 6– 9.)

1. Mangsa manoesa ngamimitian ngalobaän di boemi, seug para poetra Allah narendjo ka anak-anak manoesa noe awewe, katendjo jen eta gareulis; toeloej pada njokot pipamadjikaneun keur daririna ti sakoer noe kapilih koe maranehanana. Kitoe noe matak kadorakaän djadi loembrah di palěbah toeroenan Set ongkoh. Tidinja Pangeran nimbalan: „Roh kami moal madoean ka manoesa salalanggéngna tina hal kasalahanana; geus daging maloeloe eta teh; ngan rek ditempoan 120 taoen.” Ana geus katingali koe Pangeran, jen gěde kagorengan manoesa di boemi, sarta sakabeh rarasaän pamikir hatena woengkoel goreng bae sapopoë, ladjěng Pangeran handjakaleun ngadaměl manoesa teh di boemi. Děmi Enoh mah měndak koernija dina sotja Pangeran, sabab moersideun sarta djadi poerah ngoewarkeun kaběněran (2 Petr. 2 : 5). Tidinja Allah nimbalan ka Enoh: „Saniskara daging geus népi ka panoengtoengan di pajoeneun kami, karana boemi teh geus pinoeh koe panganijaja ti maranehanana; satěměnna, maranehanana koe kami rek diroeksakkeun katoet boemina. Maneh geura njijeun hidji kapal; koedoe dipangkengan, sarta didjijeunna koe maneh koedoe kijeu: 300 asta pipalajoeëun kapal, 50 asta panggěrětna djeung 30 asta loehoerna; toer koedoe make tiloe oendakan. Karana kami teh, satěměnna, rek ngadatangkeun tjaäh gede ka boemi. Demi ka maneh mah kami rek ngadēgkeun pěrdjangdjian kami; mana maneh koedoe asoep kana kapal teja, nja diri maneh sarta djeung anak-rabi maneh, kitoe deui pamadjikan anak-anak maneh, babarěngan djeung maneh. Djeung deui ti saniskara noe hiroep di darat, tina saroepaning sato noe halal (nja eta noe sok dipake