Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
13

kana koerban) maneh koedoe njokot toedjoeh-toedjoeh siki, lalaki djeung awewena; děmi tina sato noe hanteu halal mah doewa siki bae, soepaja ngahiroepan baris bibit dina satonggong boemi . Djeung koedoe njokot saroepaning kahakanan baris piběkěleun keur diri maneh sarta keur eta sakabeh.” Satimbalan teja koe Enoh dilampahkeun, sarta koe djalan kitoe meunang milik kana kaběněran, noe asal ti kapěrtjajaän (Ibr. 11 : 7.)

Ngawoeroekna nabi Enoh anoe tadi wéleh bae. Ngawoeroekna koe djalan njijeun kapal eta pohara ti batan ngawoeroekna tadi, tatapi wéleh deui bae. Djalma-djalma teu pertjajaeun bae. Tjék Kitab Soetji: „Tjaralalampahan djalma keur mangsa samemehna tjaäh géde teja, ngan njaratoe-nginoem, ngarawin djeung dika rawinkeun, nepi ka poëan Enoh asoep ka na kapal teja, sarta hanteu diim ankeun népi ka datangna tjaäh gede, noe ngaleungitkeun ka eta sakabehna, nja kitoe pisan pisoempingeunana Poetra manoesa teh.” Mat. 24: 38,39.