Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
14

2. Mangsa oemoer Ěnoh dongkap ka 600 taoen, seug tjäh gěde teja datang ka boemi. Tidinja Enoh lěbět, ari poetra-poetrana, anoe ngaran: Sem, Ham djeung Japet, sarta geureuha andjeunna djeung geureuha poetra-poetrana ditjandak kana kapal, njingkahan tjai tjaäh teja. Tina saroepaning sato daratang kana kapal, sakoemaha timbalan Allah ka Enoh teja. Ladjeng Pangeran meundeutkeun satoekangeun Enoh. Dina boelan noe kadoewa, tanggal 17, nja dina poë eta sakabeh soemoer sagara gěde dibarědahkeun, djeung sagala peundeut langit dibaroekakeun. Geus kitoe ka boemi ngětjrěk hoedjan, 40 poë 40 peuting lilana. Ari tjai teh katjida pisan nja ngarosaän di boemi, wani kakėlėm sakabeh goenoeng laloehoer, tépi ka 15 asta tina 'saloehoereun eta; seg kapal leumpang dina tonggong tjai. Saniskara noe aja amběkan soekma hiroep dina iroengna, naon bae noe di darat, paraeh kabeh; ngan kari Enoh bae sarta noe sasarěngan djeung andjeunna di djěro kapal teja. Děmi ngarosaänana tjai teh di boemi 150 poë lilana. Tidinja Allah emoeteun ka Enoh; ladjěng ngadatangkeun angin, njorang ka boemi; seug tjai teh ngorotan. Ari soemoer sagara reudjeung peundeut langit teja ditaroetoep, sarta hoedjan ti langit teja dieureunkeun, anoe matak tjai teh aloendoer deui ti loehoer. Děmi dina boelan noe katoedjoeh, dina tanggal 17, seug kapal teh reureuh di pigoenoengan Ararat. Dina boelan noe kasapoeloeh, dina tanggal hidji, beh katendjo poentjak goenoeng-goenoeng. Barang geus meunang 40 poë, toeloej Enoh ngaboekakeun djandela kapal, sarta ngaleupaskeun gagakna; seug hiběr poelang-anting, tepi ka saät tjaina tina loehoer boemi. Tidinja ngaleupaskeun djapatina ti enggon andjeunna. Děmi djapati teh hanteu manggih pigeusaneun eunteup; toeloej balik deui ka andjeunna kana kapal. Gantjang Enoh njodorkeun pananganana, djapatina ditjandak, bari diasoepkeun deui ka ënggon andjeunna, kana kapal. Tidinja Ěnoh ngantosan 7 poë deui, seug djapati teh dileupaskeun deui tina kapal. Ari wantji sore djapati teh datang deui ka andjeunna; doemadakan, dina pamatoekna mawa poetjoek djetoen beunang mětik. Tidinja