Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
15


ngantosan deui 7 poë, seug djapati teh dileupaskeun deui; ari ajeuna mah hanteu balik deui ka andjeunna. Toeloej Enoh ngalaän toetoep kapal, bari seug roeroet-reret; doemadakan, darat teh geus saät, nja eta dina taoen noe kadoewa, dina boelan noe kadoewa, dina tanggal 21.

3. Tidinja Allah ngandika ka Enoh, kijeu timbalanana: „Maneh geura kaloewar tina kapal, nja maneh djeung sakoer anoe reureudjeungan djeung maneh." Geus kitoe Enoh kaloewar. Tidinja ngadaměl hidji altar bade ka Pangeran, seug koerban doeroekan dikoerbankeun dina eta altar. Ana kaängseu koe Pangeran eta baoena noe seungit, ladjěng Pangeran nimbalan sadjero manahna: „Kami hamo njapa-njapa deui ka boemi koe karana manoesa, da rarasaän hate manoesa teh goreng bae ti boeboedakna. Ka hareupna mah sapandjang oemoer boemi, mangsa sěbar reudjeung mangsa diboewat, tiis reudjeung panas, oesoem halodo reudjeung oesoem hoedjan, kitoe deui beurang reudjeung peuting, moal eureun-eureun.” Tidinja Allah ngaběrkahan ka Enoh djeung ka poetra-poetrana, kijeu timbalanana ka darinja: „Maraneh sing pada baranahan djeung sing pada ngarékahan; koedoe pada minoehan boemi. Eta maraneh sing dipikasijeun djeung dipikareuwas koe sakabeh sasatoan boemi djeung koe sakabeh manoek-manoek awang-awang, koe saniskara bae noe koemělip di darat, sarta koe sakabeh laoek laoet. Saniskara noe koemělip, sakoer anoe hiroep, baris pihakaneun maraneh; kabeh ge koe kami dipaparinkeun ka maraneh, saperti sipat noe haredjo, lalab-lalaban teja bae. Ngan maraneh oelah dek ngahakan laoek kalawan njawana, těgěsna gětihna. Saha- saha noe ngoetjoerkeun gětih manoesa, nja eta gětihna koe manoesa koedoe dikoetjoerkeun deui, karana manoesa didamělna make kanjataän Allah.” Tidinja Allah nimbalan deui ka Enoh, kijeu timbalanana: „Ari kami teh, satěměnna, ngadegkeun pěrdjangdjian kami ka maraneh, kitoe deui ka sakabeh noe njawaän hiroep, anoe reureudjeungan djeung maraneh; nja eta saniskara daging moal rek dibasmi deui koe lantaran tjai tjaäh. Kami geus maparin katoembiri