Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/180

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
174

djeung noe 600 djalma noe ngareudjeungan teja, toeloej ngalih ka Akis. Ari Saoel geus tėrangeun jen Dawoed ngalolos ka tanah perang Pelisti, seug hanteu toeloej nejangan Dawoed.

§ 64. Saoel poepoes.
(1 Sam. 28-31; 2 Sam. 1.)

1. Samoeël geus poepoes, sarta sabangsa Israil geus pada aloek-aloekan katinggal andjeunna. Barang oerang Pelisti ngaroeroeg deui ka oerang Israil, seug Saoel sijeuneun sarta manahna ngagidir kalangkoeng. Toeloej Saoel naros ka Pangeran, tatapi Pangeran teu ngawalon ka andjeunna, boh koe lantaran impian, boh koe lantaran Oerim, boh koe lantaran nabi. Tidinja Saoel marentah ka mantri-mantrina: „Kami geura pangnejangankeun hidji awewe toekang njaroemah; seg kami dek leumpang ka dinja, sédja ngoemaha koe lantaran eta. (Ari bareto, noeroetkeun timbalan Moesa, Saoel geus njingkirkeun toekang njaroemah djeung toekang ngoesoemah ti djero satanah.) Pihatoer mantri-mantrina: „Noen soemoehoen, di nagara En-Dor aja hidji awewe toekang njaroemah.” Toeloej Saoel njamar, bral angkat, sarta dongkapna ka eta awewe ti peuting. Ari lahiranana: „Panghandjatkeun Samoeël.” Barang awewe teh nendjo Samoeël, seug ngadéngek, tarik pisan sowarana. Pok oendjoekanana: „Aja batara handjat ti djēro boemi. Ari noe handjat teh djalma sěpoeh, sareng nganggo haroedoem." Geus kahartos koe Saoel, eta teh Samoeël; broek andjeunna njoeoeh kana taneuh sarta soedjoed. Toeloej ngalahir: „Kaoela liwat saking nja soesah; karana oerang Pělisti něrangan ka kaoela, sarta Allah geus njingkah ti kaoela, djeung teu ngawalon deui ka kaoela; kitoe noe matak kaoela njambat ka andjeun, soepaja kaoela dipaparin njaho anoe koe kaoela koedoe dilampahkeun.” Lahiran Samoeël: „Na, koe naon andjeun nanja ka kaoela, da Pangeran geus njingkah ti andjeun? Pangeran geus midaměl pikeun andjeunna, sakoemaha pangandikana koe lantaran kaoela teja; ari karadjaän teh koe Pangeran geus disoëhkeun ti andjeun; sarta isoekan andjeun djeung