Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/181

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
175

anak andjeun lalaki piarajaeun di kaoela. ”Bloek Saoel teh tibeubeut sarta sijeuneun liwat saking. Sanggeus kitoe tanghi, seug tjalik dina randjang bari toewang, ladjong moelih, peuting barita keneh.

2. Mangsa Perang Pelisti ngoempoelkeun wadya baladna, po Akis ngalahir ka Dawoed: „Awak piboedaleun djeung kaoela, asoep wadya-balad, nja awak djeung djalma-djalma awak.” Ari walonan Dawoed ka Akis: „Ari kitoe mah andjeun meureun pioeningaeun anoe bakal dilampahkeun koe abdi gamparan.” Děmi kapala-kapala oerang Pelisti hanteu ngandělkeun Dawoed, sarta ngaromong ka Akis: „Eta djalma piwarang balik, sina moelang ka enggonna.” Tidinja Dawoed koe Akis disaoer, seg dilahiran kijeu: „Awak teh koe pangrasa kaoela hade; ngan ari salaoer para kapala oerang Pělesti mah, jen: eta teh oelah miloe djeung oerang kana pěrang. Mana ajeuna ari geus braj isoek, geura hoedang djeung abdi-abdi noe geus daratang djeung awak, seg geura maroelang.” Toeloej Dawoed moelih ka tanah oerang Pelisti. Ari oerang Pělisti prak měrangan ka Israil; boer oerang Israil kalaboer ti hareupeun oerang Pelisti. Ari Saoel kapanggih koe taroekang panah; pok marentah ka toekang mawa pakarangna: „Geura tjaboet pědang maneh, kami toeblės koe eta, bisi itoe djalma pada ngarogahala ka kami." Tatapi toekang mawa pakarangna teu daekeun; karana sijeuneun katjida. Pek Saoel njandak pědang koe andjeun, bari seug noeblěskeun mantěn ka dinja. Děmi poetrana anoe tiloe pada kasabět koe oerang Pělisti. Sarta Dawoed ngadaměl ijeu njanjian nalangsa, koe karana Saoel djeung koe karana Jonatan: „Kamoeljaän maneh, Israil! kasabět di ěnggon maneh noe loehoer. Lah, djalma prawira raroeboeh! Eh Jonatan, saderek! kaoela teh soesah hate koe karana andjeun; kaäsihan andjeun ka kaoela matak helok, ngoengkoelan kanjaähan awewe.”

§ 65. Dawoed djoeměněng radja.
(2 Sam. 2-6. 1 Babad 12-17.)

1. Geus kitoe daratang oerang Joeda, seug Dawoed koe eta dilisahan di Hebron, didjěněngkeun radja, njangking anak-poetoe