Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/182

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
176

Joeda. Tatapi Abner, kapala balad Saoel, njandak Isboset, poetra Saoel, seug didaměl radja, njangking satanah Israil. Ari geus kitoe pěrang lila nakěr antara bangsa Saoel djeung bangsa Dawoed; ari Dawoed beuki lila beuki bědas, děmi bangsa Saoel mah beuki lila beuki hengker. Hidji waktoe Isboset njeuseul ka Abner, matak Abner amběkeun ka Isboset; toeloej Abner ngadeuheusan ka Dawoed, ngadaměl pěrdjangdjian djeung andjeunna. Barang eta kadangoe koe Joab, kapala balad Dawoed, seg Abner koe eta dipaehan. Barang Dawoed ngadangoe warta sanggeusna ti dinja, pok ngalahir: „Kami teu dosa ka gětih Abner; sing malik ka diri Joab.” Malah radja ngadaměl hidji njanjian palangsa tina hal Abner. – Ari Isboset ngaradjaän doewa taoen lilana. Toeloej dipaehan koe doewa djalma, kapala barisan andjeunna. Top mastakana koe eta ditjokot, dibawa ka Dawoed.