Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/184

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
178

Děmi geus kitoe, dina peuting harita seug aja pangandika Pangeran ka Natan, kijeu pangandikana: „Geura bral, popojankeun ka abdi kami, ka Dawoed: Kijeu timbalan Pangeran: „Maneh oelah waka njijeun gědong pikeun djěněngan kami, karana maneh teh pradjoerit, sarta maneh sok ngoetjoerkeun gětih. Dimana geus djédjeg oemoer maneh, kami rek ngadegkeun toeroenan maneh pandeurieun maneh. Nja eta noe bakal njijeun gědong pikeun djenengan kami, sarta korsi karadjaänana koe kami rek disina tětěp salalanggengna. Kami noe bakal piramaeunana, ari eta bakal poetra kami. Satègěsna bangsa maneh djeung karadjaän maneh pitětěpeun salalanggengna di hareupeun maneh; korsi maneh pipageuheun salalanggengna (¹) Toeloej Natan hatoeran kitoe ka Dawoed. Tidinja radja oendjoekan kijeu: „Noen Goesti Pangeran! saha simkoering, sarěng nahaon bangsa simkoering, doemoegi simkoering koe andjeun didongkapkeun ka dijeu? Doepi pěrkawis kitoe koe andjeun dimanah saeutik keneh, da andjeun malah-malah milahirkeun perkawis bangsa abdi gamparan anoe těbih ka pajoenna, sarěng nja eta teh papakon ka manoesa, noen Goesti Pangeran!” Ari geus kitoe, sanggeusna ti dinja toeloej Dawoed ngelehkeun oerang Pělisti, djeung deui ngelehkeun oerang Moab, djadi pada ngawoela ka Dawoed. Tidinja oerang Sam koe andjeunna diëlehkeun, kitoe deui oerang Edom. Toeloej di satanah Edom neundeunan patrol. (²) Sarta Dawoed koe Pangeran disalametkeun, ka mana bae angkatna.

(²) Eta pěrdjangdjian ninggang ka Soeleman poetra Dawoed, tatapi eta kalaksanakeun pisan mangsa soemping poetra Dawoed, noe djoeměněng Goesti Dawoed (Mat. 22:42). Koe eta diaděgkeun kabah saestoe kabah Allah; di dinja koempoel djalma-djalma noe sembahjang ka Allah dina soekmana sarta djeung sajaktina (Joh. 4:23), sarta ari korsina aja di těngěneun Allah. Ti watės harita Djoeroe salamět teh diantos-antos ti lebah bangsa Dawoed.
(²) Koe Dawoed loba bangsa dibawahkeun kana kawasana, datang ka kagoengan kawasa ka sakabehna tanah anoe diwatesan koe tji Prat djeung laoet Mediterane, koe goenoeng Libanon djeung laoet Arab.