Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/185

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
179

§ 67. Dosa djeung portobat Dawoed.

(2 Sam 10—12.)

1. Ari geus kitoe, sanggeusna ti dinja toeloej radja oerang Amon maot, sarta Hanoen poetrana noe ngaganti djadi radja. Seug Dawoed miwarangan, kérsa ngalilipoer ka dinja koe lantaran abdi-abdina. Toeloej eta abdi Dawoed koe Hanoen ditarangkép, pek ditjoekoeran godegna sabeulah, djeung papakejanana dikeureutan dina těngahna, bari seug dileupaskeun. Tidinja oerang Amon dangdan, sědja ngaroeroeg ka Israil. Gantjang Dawoed miwarang Joab djeung sabalad kabeh. Tidinja eta ngaroeksakkeun oerang Amon, sarta någara Raba dikěpoeng. Děmi Dawoed mah linggih di Jeroesalem.(¹) Dina hidji waktoe radja ti loehoer gědong andjeunna ningali hidji istri keur siram; sarta eta istri kaliwat geulis roepana, ngaranna Batseba, sarta Oeria tjarogena aja dina balad, di hareupeun Raba teja. Toeloej Dawoed njèratan ka Joab: „Oeria teundeun di poetjoek, lěbah pěrang rosa; toeloej oendoer ti toekangeunana, sina kasabět sarta paeh.” Koe Joab toeloej dilampahkeun kitoe. Toeloej oerang eta nagara boedal, gěr pěrang djeung Joab; sarta bala teh, nja eta abdi-abdi Dawoed, aja noe ngadjaloprak; malah Oeria oge paeh. Tidinja Joab ngadjoeroengkeun, ngoeningakeun eta ka Dawoed. Sanggeus kitoe Dawoed miwarang Batseba ditjandak ka gědongna, sarta djadi geureuhana.

(¹) Nganggoer djeung lampah loegah-ligeuh eta indoengna loba dosa. Anoe dibakoekeun ngalampahkeun perang Pangeran, nja Dawoed. Tatapi sabab Dawoed rasana ngeunah di Jeroesalem, toeloej eta koe Dawoed dititah bae ka senapatina, nja eta Joab. Ari eta noe matak Dawoed keuna panggoda. Lampahna loegah-ligeuh matak djadi toekang ngaranjed. Ari ngaranjed matak djadi toekang maehan.

2. Tidinja Pangeran miwarang nabi Natan ka Dawoed. Seug ngadeuheus ka andjeunna, sarta mihatoer kijeu: „Dina hidji nagara aja doewa djalma; noe hidji beungbar, noe hidji deui miskin. Ari noe beunghar boga domba djeung sapi reja katjida; děmi noe miskin mah taja pisan bogana, ngan boga anak domba leutik sasiki, beunang