Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/192

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
186

Toeloej Joab nijoep sangkakala, geus kitoe boebar ti eta nagara, balik sahimah-himahna. Ari Joab moelih ka Jéroesalem, ka radja.

§ 69. Panoengtoengan Dawoed.
(2 Sam. 24; 1 Radja 1, 2.)

1. Tidinja Setan indit, ngarah ka Israil, seug ngangsonan Dawoed milang Israil. Toeloej radja marentah ka Joab: „Maneh geura ngaronda sakabeh kaom Israil; koedoe ngaloris djalma-djalma, sangkan kami njaho bilangan djalma-djalma. Ari pioendjoek Joab: „Goesti sang radja! eta sadajana lain abdi salira goesti? koe naon noe mawi goesti aja pamoendoet kitoe?” Děmi pilahir radja njilěpkeun ka Joab. Toeloej Joab djeung para kapala balad ka loewar ti pajoeneun radja, ngaloris djalma-djalma bangsa Israil. Ari Israil aja 800,000 djalma pěrkosa noe njikěp pědang, sarta oerang Joeda aja 500,000 djalma. Děmi Lewi djeung Binyamin mah koe Joab teu diloris; karana Joab giroekeun ka eta timbalan radja. Toeloej Dawoed ratoeg manahna. Pok Dawoed oendjoekan ka Pangeran: „Abdi teh langkoeng-langkoeng nja dosa, migawe kitoe.” Barang Dawoed tanghi wantji isoek, aja pangandika Pangeran ka nabi Gad. Bral Gad teh ngadeuheus ka Dawoed, sarta ngoeninga ka andjeunna, kijeu pihatoerna: „Andjeun hajang didatangan patjéklik 7 taoen di satanah andjeun? atawa hajang kaboer 3 boelan koe moesoeh andjeun tina koe eta dioedag? atawa hajang pagěboeg 3 poë di satanah andjeun?” Ari lahiran Dawoed ka Gad: „Kaoela teh soesah katjida; měnding oerang laboeh ka panangan Pangeran bae, karana gěde pisan piwělasna; hajang celah laboeh ka leungeun manoesa.”

2. Seug Pangeran ka Israil maparin pagěboeg; aja 70,000 djalma noe paeh. Barang malaikat njodorkeun panangan ka Jéroesalem, dek diroeksak, seug Pangeran handjakaleun koe hal katjilakaän teja, sarta nimbalan ka malaikat: „Meudjeuh, ajeuna tjitjingkeun leungeun maneh.” Ari malaikat Pangeran teh ajana di lebah pangirikan Arawna, oerang Jeboes (di goenoeng Moria). Ana Dawoed tjěngkat sotjana, beh ningali eta malaikat