Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/193

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
187

Pangeran, keur ngaděg di antara langit djeung boemi, sarta pananganana njěkėl pēdangna beunang matěk, geus disodorkeun ka loehoereun Jēroesalem; broek Dawoed njoeoeh, pok oendjoekan ka Pangeran: „Salěrěsna abdi noe gadoeh dosa, sarēng abdi noe milampah bengkok teh; doepi eta mah, domba-domba teja, migawe naon? Noen Pangeran, Allah abdi! panangan andjeun moegi sina toeměrap ka diri abdi bae, sarěng ka saeusi imah poen bapa.” Bral Dawoed djéngkar, noemoetkeun lahiran Gad, sakoemaha timbalan Pangeran; prak ngadaměl hidji altar bade ka Pangeran di pangirikan Arawna teja, sarta ngoerbankeun koerban bari sasambat ka Pangeran; ari koe Pangeran andjeunna diwalon koe seuneu ti langit dina altar koerban doeroekan. Dina mangsa eta Dawoed sok ngoerban di dinja, sarta nimbalan: „Ijeu teh pipěrnaheun gědong Pangeran.”

3. Ari radja Dawoed geus sěpoeh, seug Adonia, adi Absalom, moendjoelkeun maneh, pokna: „Aing anoe bakal radja.” Toeloej pasini djeung Joab sarta djeung panghoeloe Abjatar; nja eta pada noeloeng ka dinja. Eta koe nabi Natan dipaparin oeninga ka Dawoed. Toeloej radja nimbalan, Soeleman koedoe diminjakan koe panghoeloe Sadok; sanggeus kitoe Sadok djeung Natan koedoe narijoep sangkakala, bari njarěboet: „Sing salamět radja Soeleman.” Ari geus kitoe Adonia djeung sakoer anoe reureudjeungan ka andjeunna pada rareuwaseun; pek Adonia mangkat, bari toeloej njěkěl tatandoekan altar. Timbalan Soeleman ka dinja: „Geura moelang ka imah maneh; oepama nandakeun maneh djalma sadjati, boeoek salambar oge moal ragrag ka boemi.”

4. Ari joeswa Dawoed geus deukeut ka poepoes; tidinja andjeunna wowěkas ka Soeleman poetrana, kijeu lahirna: „Ajeuna ama rek mijang, njorang djalan saeusi boemi; mana maneh koedoe masing těgěr sarta sing djadi lalaki. Djeung koedoe ngadjaga kana djagaän Pangeran, Allah maneh; sing ngestoekeun timbalanana, sakoemaka noe kaoengělkeun dina Toret Moesa; sangkan Pangeran ngaboektikeun pangandikana, noe koe