Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/194

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
188

andjeunna diandikakeun hal diri ama, kijeu pangandikana: Moal pikapenggěleun djalma, dijoek dina korsi karadjaän Israil. Djeung deui maneh teh njaho anoe dilampahkeun ka ama koe Joab, noe koe eta dilampahkeun ka noe doewa kapala balad Israil, (nja eta Abner djeung Amasa) noe pada dipaehan koe manehanana dina mangsa kērta. Sarta masing ingět, di maneh aja Simi; eta teh njapa ka ama, njogok pisan panjapana, basa poëan ama kaboer teja. Děmi ajeuna, koe maneh oelah diangkěn teu dosa; karana maneh teh djalma pintěr; boeoekna noe hoewisan sina toeroen kana koeboer kalawan gětih.”

5. Djeung deui Dawoed njaoer Soeleman, sarta dipiwarang ngadaměl hidji gědong pikeun Pangeran, Allah Israil; kijeu timbabanana: „Ama geus njawiskeun keur gědong Pangeran, ēmas, perak, tambaga djeung beusi, estoe loba nakěr. Geura dangdan, prak digawe, sarta moegi-moegi Pangeran njarěngan ka maneh.” — Seug Dawoed ka Soeleman maparin tjonto gědong, kitoe deui tjonto saniskara noe aja dina manah andjeunna koe Roh. Ari djalma noe loba pada soeka pribadi njanggakeun ka Pangeran djeung soehoedna hate; malah radja Dawoed ge boengah, langkoeng-langkoeng boengahna, sarta sapakoempoelan pada njoekoerkeun ka Allah. – Tidinja Dawoed koelēm reudjeung karoehoenna, sarta dikoerébkeun di dajeuh Dawoed. Ari lawasna Dawoed ngaradjaän ka Israil, 40 taoen. (Taoen 1055 — 1015 memeh Kristoes diowokeun).

Katěrangan. Dawoed teh karoehoen Kristoes moenggoehing daging (§ 60, 1). Malah - malah djadi kalangkang Kristoes, djeung deui geus miwědjang moenggoeh andjeunna, Dawoed teh djadi kalangkang Kristoes, karana saperti Kristoes misti njorang djalan kahandapan sarta njandang sangsara pikeun asoep kana kamoeljaänana, nja kitoe oge Dawoed Djorang loba kasoesah sarta sangsara samemeh Ajadi radja. Djeung deui sapěrti moesoeh-moesoeh oemat Allah koe Dawoed diëlehkeun, nja kitoe Goesti Jesoes Kristoes oenggoel ka oerang kapir. Saperti Pangeran geus milahirkeun ka Dawoed „pěrkawis bangsana anoe těbih ka pajoenna," nja kitoe Dawoed miwědjang lantaran Roh tina radja anoe měngke, anoe pidjadieun Poetra Dawoed sarěng Goesti Dawoed. Ari kijeu lahirna Djaboer 2: Maneh teh