Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/195

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
189
poetra kami; nja poë ijeu kami koe maneh dijoegakeun. Geura menta ka kami, tangtoe maneh koe kami dipaparin oerang kapir, djadi milik maneh; kitoe deui satoengtoeng boemi djadi bobogaän maneh. Geura pada njijoem ka poetra, oelah datang ka ngaběndon, tanwande maraneh laleungit nja djalan.” Dina Djaboer 22 Dawoed miwedjang tina sangsara Kristoes; kijeu lahirna: „Eh Allah koering! Allah koering! naha mana koering ditilarkeun koe andjeun? Leungeun saréng soekoe koering koe eta ditiir. Pada ngabagikeun papakean koering sarěng batoer-batoerni, sarëng djoebah koering pada ngalotě reken koedadoe.” Dina Djaboer 110 dipiwėdjang tina karadjaän sarta kapanghoeloean Kristoes anoe langgeng; kijeu lahirna: „Lahiran Pangeran ka Goesti koering: Geura tjalik di katoehoeëun kami, datang ka moesoeh-moesoeh andika koe kami didjijeun djodjodog pikeun soekoe andika. Pangeran geus soempah, sareng moal pikadoehoengeun: Andika teh Panghoeloe salalanggengna, sakoemaha panata Melkisidik.

§ 70. Soeleman djoeměněng radja.
(1 Radja 2-4.)

1. Děmi Soeleman teja tjalik dina panglinggihan Dawoed ramana. Tatapi Adonia kongkol deui, soepaja djadi radja. Toeloej Soeleman miwarang koedoe dipaehan; seug Adonia paeh. Djeung deui radja nimbalan ka panghoeloe Abjatar: „Maneh geura moelang ka Anatot, ka kěbon maneh, karana maneh teh mandjing dihoekoem pati; tatapi maneh koe kami moal dipaehan poë ijeu, tina sabab maneh ngagotong pěti Goesti Pangeran, djeung tina sabab maneh bela sangsara dina sakabeh kasangsaraän rama kami.” Djadi Abjatar teh koe Soeleman didjongklokkeun tina djěněng panghoeloe Pangeran; soepaja kalaksanakeun pangandika Pangeran, noe diandikakeun tina hal bangsa Eli di Silo teja (§ 58, 2, 3). Ari panghoeloe Sadok koe radja diangkat ngaganti Abjatar. Ari bedjana datang ka Joab. Toeloej Joab kaboer ka himah Pangeran, sarta njěkěl tatandoekan altar. Děmni Soeleman nimbalan, seug Joab dipaehan. Geus kitoe radja miwarangan ngala Simi teja; toeloej ditimbalan kijeu: „Maneh