Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/196

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
190

koedoe matoeh di Jěroesalem, sarta oelah ka mana-mana; karana samangsa maneh ka loewar, saestoena maneh dipaehan.” Wangsoelan Simi ka radja: „Lěrěs pangandika; sakoemaha lahiran Goesti sang radja, nja kitoe abdi gamparan sědja milampah.” Děmi geus meunang tiloe taoen, hidji waktoe doewa badega Simi maringgat. Pek Simi dangdan, bral leumpang ka Gat, nejangan badegana. Toeloej moelang, seug ditimbalan koe radja: „Na koe naon maneh teu nětěpkeun eta soempah ka Pangeran teh, kitoe deui parentah, anoe koe kami diparentahkeun ka maneh teja? Koe Pangeran kagorengan maneh dibalikkeun ka diri maneh.” Toeloej radja marentah, seug Simi dipaehan.

2. Ari Soeleman teh asiheun ka Pangeran, djeung ngalakonan pikoekoeh Dawoed ramana. Hidji mangsa radja angkat ka Gibon, kérsa ngoerban di dinja. Di Gibon teh Pangeran nembongan ka Soeleman, dina impian ti peuting; ari timbalan Allah: „Geura menta, hajang dipaparin naon koe kami?" Pioendjoek Soeleman: „Noen Pangeran, Allah abdi! abdi teh koe andjeun geus didaměl radja ngagentos poen bapa Dawoed; nanging abdi teh boedak leutik, tatjan těrang pěrkawis ka loewar asoep. Koe pěrkawis eta, moegi-moegi abdi dipaparin hate soerti, pikeun ngahakiman oemat andjeun.” Ari eta pioendjoek hade di pajoeneun Goesti. Nimbalan Allah ka andjeunna: „Sapedah maneh menta pěrkara kitoe, lain menta keur diri maneh oemoer pandjang, lain menta kabeungharan: masing njaho, kami teh ngadaměl sakoemaha omongan maneh; saěnjana kami teh ka maneh geus maparin hate pintěr sarta ngarti; ti heulaeun maneh taja noe nandingan, kitoe deui pandeurieun maneh moal aja noe nandingan. Samalah anoe hanteu dipenta ge koe maneh, koe kami geus dipaparinkeun ka maneh, bagija kabeungharan, bagija kamoeljaän. Sarta oepama maneh ngalakonan djalan kami, sakoemaha Dawoed, bapa maneh, tangtoe koe kami dipandjangkeun oemoer maneh ongkoh.”

3. Mangsa eta aja doewa awewe, ngadeuheusan ka radja. Pok awewe noe hidji oendjoekan: „Noen goesti, abdi sareng