Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/197

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
191

ijeu batoer tjitjing saimah reudjeung. Ari anak ijeu batoer paeh ti peuting, tina sabab kaheumpikan koe manehna. Pek manehna njokot anak abdi ti gigireun abdi, keur waktoe abdi gamparan sasarean, doepi anakna sorangan anoe paeh, dikěděngkeun dina lahoenan abdi. Ari abdi hoedang wantji isoek, sēdja njoesoean poen anak, doemadakan geus paeh; seug koe abdi ditěgěskeun, horeng lain anak abdi.” Ari tjarek awewe noe hidji deui: „Hanteu kitoe; saēnjana noe hiroep teh anak kami, ari noe paeh mah anak maneh.” Nimbalan radja: „Kami pangnjokotkeun pědang!” Seug njanggakeun pēdang ka pajoeneun radja. Toeloej radja nimbalan: „Eta orok noe hiroep teh geura potong, beulah doewa; seg bikeun sabeulah ka saoerang, ari noe sabeulah deui ka saoerang deui.” Pok awewe, indoeng orok noe hiroep teja, oendjoekan deui ka radja, sabab ngěntab kawělasanana ka orokna, kijeu pioendjoekna: „Noen goesti! orok noe hiroep teh paparinkeun ka eta bae, oelah tjijos dipaehan.” Děmi tjarek itoe mah: „Kami oelah boga, maneh oelah boga; pek bae potong!" Ngawalon radja, kijeu timbalanana: „Orok noe hiroep teh bikeun ka eta, oelah waka dipaehan; nja eta indoengna." Ari eta poetoesan, beunang radja moetoes, goernita ka sabangsa Israil; toeloej pada sijeuneun koe radja; karana geus pada waspadaeun, jen radja diajaän kapintěran ti Allah di djero batinna, baris ngoeroeskeun prakara.

4. Ari Soeleman teh moerba ka sakabeh karadjaän ti sěmět bangawan tji Prat, tépi ka tanah orang Pělisti sarta těpi ka watės Měsir; pada ngahatoerkeun pangabakti, djeung ngawoela ka Soeleman saoemoer hiroepna. Sarta andjeunna teh kērta ti sakabeh beulah, ti sakoeriling. Ari Joeda djeung Israil ngěnggonna sěnang ati, hidji-hidji djalma bandapeun tangkalna kondang, ti sěmět Dan tépi ka Berseba. Ari Soeleman teh koe Allah dipaparin kapintěran djeung pangartosan rosa katjida; noe matak andjeunna kamashoerkeun ka sakabeh bangsa sakoe riling. Djeung Soeleman ngalahirkenn 3000 siloka, sarta ari poepoedjianana 1005. Djeung jasaeun ngalahirkeun hal tatang