Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/198

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
192

kalan, ti ki poetri, noe di goenoeng Libanon, tépi ka hisop, noe sok djadi dina tembok; kitoe deui jasaeun ngalahirkeun hal sasatoan, hal manoek-manoek, hal bangsa noe tingkarajap, sarta hal laoek-laoek. Sok aja noe daratang ti sakabeh bangsa, hajang ngadenge kana kapintěran Soeleman.

§ 71. Kabah.
(1 Radja 5-9; 2 Balad 2-6.)

1. Ari Soleman miwarangan ka Hiram, radja Tiroes, mihatoer kijeu: „Pasėdjaän kaoela, dek njijeun hidji gědong bade Pangeran, Allah kaoela. Mana ajeuna, moegi miwarang mang noewarankeun kaoela kai poetri ti goenoeng Libanon; ari abdi-abdi kaoela bakal reureudjeungan sarěng abdi-abdi andjeun, karantěn andjeun langkoeng oeninga, di kaoela taja noe bisa noewar kai sapertos oerang Sidon.” Děmi geus kitoe Hiram boengaheun liwat saking, sarta ngalahir: „Kaoela sědja pisan ngalampahkeun sakahojong andjeun.” Toeloej toekang-toekang Soeleman djeung toekang-toekang Hiram prak ngaroepakeun, njadijakeun kai djeung batoe, baris njijeun eta gědong. Dina taoen 480 ti sanggeus oerang Israil boedal ti tanah Měsir, nja eta dina kaopat taoenna Soeleman ngaradjaän ka Israil, neundeunna paděmen gědong Pangeran, sarta didamělna toedjoeh taoen lilana.

Ari eta gědong (kabah), noe koe Soeleman didaměl bade ka Pangeran, diadégkeun dina "těmpat anoe koe Dawoed dikersakeun (§ 69, 2.) Kabah teh 60 asta palajoena, 20 asta panggěrětna, djeung 30 asta loehoerna. Sagědong teh di djěrona kai poetri, disapoet koe ēmas, sarta di loewar sakoerilingna tembok batoe. Enggon soetji 40 asta palajoena djeung 20 asta panggěrětna; enggon pangsoetji soetjina 20 asta palajoena djeung 20 asta panggěrětna. Keur lawang enggon soetji djeung pangsoetji-soetjina didaměl doewa beulah panto kai djetoen, disapoet ēmas. Sarta Soeleman ngadaměl doewa moemoekarabinan, diajakeun di djero enggon pangsoetji-soetjina, saroepa wongwongan, djeung pada disapoet ěmas; djangkoengna 10 asta, sarta djangdjangna 5 asta, soepaja djangdjang noe sabeulah aděk kana bilik gědong, sarta djangdjang noe sabeulah deui aděk kana djangdjang moemoekarabinan noe