Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/199

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
193
hidji deui. Pěti pértelaän teja pernah handapeun djangdjang eta moemoekarabinan. Eusina enggon soetji nja tjara di himah tepangan (§ 37); ngan di kabah aja 10 adjoeg ēmas, ngaganti noe hidji anoe dina himah teja. Hareupeun moemoekarabinan, dina lawang, aja hidji reregan aloes. Di hareupeun kabah aja doewa pilar tambaga, noe hidji ti katoehoe, noe hidji deui ti kentja; noe katoehoe dingararan Jakin, ari noe kentja dingarapan Beas. Sakoerilingan tiloe beulah deui eta gédong aja aděgan noe 18 asta loehoerna, make 3 para djeung roepa-roepа pangkeng. Kabah teh aja doewa boeroean, noe hidji (ti hareupeun enggon soetji) keur panghoeloe-panghoeloe. Di dinja aja altar tambaga, 20 asta pandjangna, kitoe deui roebakna, sarta 10 asta loehoerna. Djeung deui aja lalaoetan tjitak, 10 asta sisina tepi ka sisina deui, boeleud pisan, sarta 5 asta loehoerna. Ari sisina saroepa sisi loemoer, tjara këmbang bakoeng. Lalaoetan teja noempang dina 12 sasapian tambaga. Ari gawena keur panghoeloe-panghoeloe, paranti ngoembah. Ari boeroean noe hidji deui (ti hareupeun noe hidji teja) keur djalma noe loba.

2. Geus samakta sakabeh dadamělan. Toeloej dina pesta saoeng bebetek sakabeh oerang Israil koempoel ka radja Soeleman. Seug para panghoeloe ngoenggahkeun pěti Pangeran sarta djeung himah těpangan teja, katoet sakabeh parabot soetji. Tidinja eta pěti diasoepkeun ka enggonna. Geus kitoe barang para pang hoeloe teh baridjil ti ěnggon soetji, hol aja hidji mega, ngeusian eta gědong Pangeran. Toeloej Soeleman ngaděg hareupeun altar Pangeran, bari nadahkeun pananganana ka langit , sarta oendjoekan kijeu: „ Noen Pangeran, Allah Israil! langit, dalah langiting sadajana langit oge, dilinggihan koe andjeun teu asoep; geus soemawonna ijeu gědong, beunang simkoering njijeun. Parandene kitoe, moegi-moegi majoen ka paněda abdi andjeun; ari sotja andjeun moegi-moegi boeka ka ijeu gědong sijang wěngi. Manawi oemat andjeun Israil eleh di hareupeun moesoeh, tina garadoeh dosa ka andjeun, ana ladjeng tarobat ka andjeun bari něněda ka andjeun di ijeu gědong; manawi langit noetoep, hanteu aja hoedjan, sabab eta garadoeh dosa ka andjeun; manawi dina tanah aja patjéklik, moen aja pagěboeg, moen aja hama perang, hama beureum, hama simeut, hama hileud; manawi disěsědek koe moesoehna dina tanah, di nagara-nagarana; naon bae balahi, sareng

13