Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/201

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
195

warta pěrkara Soeleman, hal padjěněngan Pangeran; toeloej angkat kèrsa ngadjadjal ka Soeleman, sědja njoewal. Tidinja soemping ka Jēroesalem, njandak balad rosa katjida. Seug radja istri teh koe Soeleman dipaparin njaho sakabeh soewalna. Barang geus ningali sadajana kapintěran Soeleman, djeung gědong beunang andjeunna ngadaměl, kitoe deui sadajana kamoeljaänana, seug radja istri teh datang ka geus taja pangatjian. Toeloej misaoer ka radja: „Jaktos pisan bedja, noe kadenge koe kaoela dina tanah kaoela, hal pěrkawis salira andjeun sareng hal kapintěran andjeun. Ari eta bedja koe kaoela hanteu dipertjantěn, dongkap ka kaoela tjoendoek sarong nendjo koe panon pribadi; salěrěsna noe diwartakeun ka kaoela teu paro-parona atjan. Bagdja těměn rahajat andjeun; bagdja těměn ijeu abdi-abdi andjeun, noe pada maděp di pajoeneun andjeun teu pěgat-pěgat, anoe pada ngoeping kana kapintěran andjeun. Sagala poedji ka Pangeran, Allah andjeun, anoe misoeka ka andjeun, doemoegi ka ditjalikkeun dina korsi karadjaän Israil! Sabab Pangeran miasih ka Israil salalanggěngna.” Toeloej moendoer, bral moelih ka tanahna, diiring koe abdi-abdina.

Ngalahir Goesti Jesoes Kristoes, Radja istri ti těbeh kidoel teja bakal ngadeuheusan ka hoekoem kijamat bareng djeung ijeu bangsa ajeuna, sarta seug ngahoekoeman ka darinja; sabab geus soemping ti toengtoeng boemi, bawaning hajangeun ngareungeu kana kapinteran Soeleman, padahal anoe ajeuna di dijeu mah leuwih ti batan Soeleman.

3. Djeung deui radja Soeleman ngadaměl kapal di Esion Geber, anoe di sisi laoet Agěr. Tidinja Hiram dina eta kapal ngijangkeun abdi-abdina, oerang kapal, noe njaho di laoet, direudjeungkeun ka abdi-abdi Soeleman. Sadjěro tiloe taoen kapal teh datangna sakali, moewat ěmas-perak, intěn moelja, kai tjandana, gading, monjet djeung měrak. Djadi radja Soeleman teh agoeng pisan, ngoengkoelan sakabeh radja noe di boemi, dina kabeungharan sarta dina kapintěran.

4. Ari radja Soeleman teh asiheun ka pirang-pirang istri bangsa sedjen, kaäsoep bangsa noe koe Pangeran ditimbalkeun