Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/202

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
196

ka orang Israil jen: „Maraneh poma oelah tjampoer ka eta, kitoe deui eta oelah tjampoer ka maraneh.” Da andjeunna kagoengan 700 geureuha, toeroenan radja, djeung 300 parěkan; ari eta istri-istrina matak njimpang manahna. Karana keur mangsa Soeleman geus sěpoeh, seug eta istri-istrina matak njimpang manahna, noeroet ka aällahan; djadi teu soehoed manahna ka Pangeran Allahna, saperti manah Dawoed ramana. Mangsa eta Soeleman ngadaměl ěnggon loehoer pikeun sakabeh istrina noe bangsa sedjen teja, noe pada ngoekoes djeung ngoerban, masing-masing ka aällahan sorangan. Tidinja Pangeran ngaběndon ka Soeleman, mana aja timbalan Pangeran kijeu: „Sapedah maneh teh kijeu nja lalampahan, karadjaän teh koe kami mangke disoëhkeun ti leungeun anak maneh. Tatapi kaom sahidji koe kami rek dipaparinkeun ka anak maneh, tina sabab Dawoed, abdi kami.”

Ari geus kitoe, dina hidji mangsa nabi Ahia prok di djalan patěpang djeung Jarobam, djalma gagah-pěrkosa. Seug Ahia njekěl haroedoem weuteuh, panganggo andjeunna, pek disoëh-soëhkeun, 12 soëhan. Tidinja ngalahir ka Jarobam: „Tampanan koe sampejan ijeu 10 soëhan; karana kijeu timbalan Pangeran, Allah Israil: Masing njaho, kami rek njoëhkeun karadjaän teh ti leungeun Soeleman, seug ka maneh rek maparin 10 kaom. Ari geus kitoe, oepama maneh ngalakonan djalan kami, maneh koe kami rek dipangdamělkeun imah anoe tětěp.” Děmi lawasna Soeleman ngaradjaän di Jeroesalem, 40 taoen (taoen 1015-975 memeh Kristoes diowokeun). Ari andjeunna ngilikan sakabeh dadamělanana, beunang ngadamel pananganana, kitoe deui soesahna, seug kijeu lahirna: „Geuning, kabeh ge sija-sija.” Toeloej Soeleman koelém reudjeung karoehoepna; ari Rěhabam poetrana noe ngaganti djadi radja.

§ 73. Karadjaän disoëhkeun. Jarobam.
(1 Radja 12-17; 2 Bab. 10-16.)

1. Ari geus kitoe sabangsa Israil datang ka Sěkem, doe-