Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/203

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
197

meuheus ka Réhabam, kijeu pihatoerna: „Rama andjeun ngabeuratkeun pasangan koering; mana andjeun ajeuna moegi entengan pasangan koering; moen kitoe mah koering pada sědja ngawoela ka andjeun.” Tidinja radja Rěhabam teh rěrěmpagan reudjeung para sěsēpoeh, anoe bakoe maraděp di pajoeneun Soeleman ramana, mangsana keur djoeměněng. Mioendjoek eta ka radja: „Madak andjeun dangět ajeuna ngaboelkeun kahajangna eta djalma-djalma, tinangtos pada ngawoela ka andjeun sapapaosna.” Děmi andjeunna nilarkeun pirěmpoeg para sěsěpoeh teja, seug rěrěmpagan deui reudjeung para nonoman, noe ngagědean bareng djeung andjeunna. Mioendjoek eta: „Sae nimbalan kijeu ka eta djalma-djalma: Rama kami měpěrih ka maraneh koe pangrangket, děmi kami mah dek měpěrih ka maraneh koe langgir.” Seug radja ngawalon ka eta djalma-djalma běngis pisan, nja ngalahir noeroetkeun pirěmpoeg para nonoman teja. Seg djalma-djalma pada ngabalěsan saoer ka radja, kijeu pokna: „Nahaon doeoeman oerang ka Dawoed? satégěsna oerang teu boga milik ka anak Isai teh; geura balik, Israil! sahimah-sahimahna." Tidinja radja Rěhabam miwarang Adoram noe njangking padjég; pek sakabeh oerang Israil maledogan ka dinja koe batoe, toeloej paeh. Ari oerang Israil ngoetoesan ka Jarobam, diala ka padjěmoehan, seug didjéněngkeun radja njangking sabangsa Israil; taja noe noeroet ka bangsa Dawoed, kadjaba kaom Joeda djeung Binyamin bae. Ti watės harita ijeu doewa kaom diseboet karadjaän Joeda; ari sapoeloeh kaom deui diseboet karadjaän Israil.

2. Tidinja Jarobam teh njaoer sadjěro manahna: „Oepama djalma-djalma teh arindit, milampah ngoerban di gědong Pangeran di Jěroesalem, bisi hatena balik deui ka bangsa Dawoed, tangtoe aing dipaehan.” Prak radja ngadaměl doewa sasapian ěmas; geus kitoe ngalahir ka djalma-djalma: „Meudjeuh maraneh indit ka Jeroesalem; tah Israil! ijeu Allah maneh, noe nginditkeun maneh ti tanah Měsir teja.” Seug noe hidji koe andjeunna diteundeun di Bet-El, ari noe hidji deui diteundeun di Dan.