Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/204

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
198

(Nja eta di watěs kaler sarta watěs kidoel karadjaän Israil.) Sarta andjeunna ngadaměl imah enggon loehoer, djeung ngadaměl panghoeloe-panghoeloe ti sambarang djalma, noe lain anak-poetoe Lewi. Malah-malah Jarobam ngadaměl pesta dina boelan noe kadalapan, dina tanggal 15, noeroetan pesta noe di Joeda teja. (Saoeng běbětek § 40, 2.) Děmi eta pěrkara djadi matak dosa; karana djalma-djalma laleumpang, njëmbah ka sasapian ěmas teja.

3. Doemadakan, aja hidji piwarangan Allah, soemping ti Joeda ka Bet-El, ngěmban pangandika Pangeran. Kalěrěsan Jarobam ngaděgan altar teja, eukeur ngoekoes. Seug piwarangan teh ngoewarkeun ka eta altar, saoerna: „Eh altar! altar! kijeu timbalan Pangeran: Masing njaho, měngke bangsa Dawoed pimeunangeun hidji anak lalaki, pingaraneunana Josia; nja eta di loehoer maneh tangtoe ngadoeroek toelang manoesa.” (Tenjokeun § 84, 3.) Heg Jarobam njodorkeun pananganana, bari marentah: „Eta geura tangkěp!” Seug pananganana djadi djėgěr, teu kawawaeun moendoerkeun inja ka salirana. Ari altar teja toeloej beulah, sarta lěboena mawoer tina altar. Pok radja misaoer, kijeu saoerna ka piwarangan Allah teh: „Tjik, moegi geura noenoehoen ka pajoeneun Pangeran; nja kaoela moegi pangnědakeun.” Prak noenoehoen; seg panangan radja moendoer deui ka salirana, hade tjara tadi. Misaoer radja ka piwarangan Allah teh: „Mangga djeung kaoela tjalik ka boemi, sěnangkeun adjěngan heula, sarta kaoela ka adjặngan sědja mere gandjaran.” Děmi pihatoer piwarangan Allah teh ka radja: „Sanadjan andjeun ka kaoela kěrsa maparin sabeulah gědong andjeun oge, kaoela moal datang ka andjeun; karana kijeu noe dipiwarang ka kaoela koe pangandika Pangeran, timbalanana: Maneh poma oelah baranghakan, oelah nginoem tjai-tjai atjan dina ijeu ēnggon.” Bral piwarangan teh moelih. Eukeur di djalan seug kasoesoel koe hidji nabi kolot, tjalikna di Bet-El. Toeloej piwarangan teh koe eta diondang daharleueut; seug ngiring. Sanggeus barangdahar, piwarangan teh moelih deui; tidinja, sabab