Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/205

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
199

moengpang ka pangandika Pangeran, di djalan dipaehan koe singa. Sanggeusna pěrkara noe tadi teja Jarobam teh hanteu balik ti djalanna noe goreng.

4. Dina mangsa eta parěng Abia, poetra Jarobam noe lalaki, teu damang. Gantjang garwa Jarobam njamoer, toeloej leumpang ka Silo, ka nabi Abia (§ 72, 4), hajang dipaparin njaho pitěmaheunana eta boedak. Ari Ahia teh geus teu jasaeun ningali, tina kasěpoehanana. Mangsa ngadangoe keresek dampalna, keur barang lěbět kana lawang, pok Ahia ngalahir: „Eh, bodjo Jarobam! ka dijeu, asoep; keur naon andjeun poera-poera awewe sedjen? karana kaoela dipiwarang ngadatangkeun ka andjeun bedja bangět. Djig moelang, bedjakeun ka Jarobam: kijeu timbalan Pangeran, Allah Israil: Sapedah maneh migawe goreng, njijeun aällahan keur sěsěmbaheun maneh, koe sabab eta kami rek ngabasmi bangsa Israil. Mana andjeun geura dangdan, djig moelang; dimana soekoe andjeun geus datang ka nagara, boedak teh pipaeheun; karana bangsa Jarobam teh ngan eta bae noe piasoepeun kana koeboer; sapedah di bangsa Jarobam teh ngan di djěro eta bae kapěndak noe hade di pajoeneun Pangeran." Tidinja, barang garwa Jarobam dongkap ka golodog gědongna, seug moerangkalih teh maot.

5. Jarobam poepoes sarta diganti koe Nadab poetrana. Eta ngaradjaän ka Israil 2 taoen, toeloej dipaehan koe Baäsa. Geus kitoe Baäsa djadi radja, sarta milampah noe goreng di pajoeneun Pangeran. Kitoe noe matak bangsana dibasmi. Ari geus kitoe Omri djadi radja. Eta ngadaměl nagara Samaria. Děmi Omri teh migawe noe goreng di pajoeneun Pangeran; ari migawena goreng teh ngaleuwihan ti sakabeh noe heulaeun andjeunna. Toeloej Omri poepoes, ari Ahab poetrana noe ngaganti djadi radja. Děmi Ahab teh ngalakonan dosa-dosa Jarobam; katoeroeg-toeroeg geureuhaän ka Isebel, poetra radja perang Sidon; toeloej angkat, ngabakti ka Baäl, sarta njěmbah ka dinja. Djeung andjeunna ngaděgkeun hidji altar keur Baäl di djěro gědong Baäl, beunang andjeunna ngadaměl di Samaria.