Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/206

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
200

§ 74. Elias, oerang Tisbe.
(1 Radja 17-19.)

1. Hidji waktoe Elias oerang Tisbe ngalahir ka Ahab: „Děmi djoeměněnging Pangeran, Allah Israil, noe diparěk koe kaoela di pajoeneunana! moal aja tji iboen atawa hoedjan mangtaoen-taoen, kadjaba moen aja omong kaoela.” Ari geus kitoe aja pangandika Pangeran ka Elias: „Geura leumpang ti dijeu, koedoe njoempoet di waloengan Kěrit; sarta kami geus miwarang gagak, sina njaroekoepan ka maneh di dinja.” Bral Elias angkat; heg koe gagak-gagak andjeunna dianteuran roti djeung

laoek; sarta ngaleueutna ti eta waloengan. Ari geus kitoe, meunang sababaraha lilana, seug waloengan teja saät. Toeloej aja deui pangandika Pangeran ka Elias: „Geura dangdan, toeloej leumpang ka nagara Sarpat, noe kabilang ka Sidon teja;