Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/207

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
201

masing njaho, kami geus miwarang hidji randa di dinja njoekoepan ka maneh.” Prak Elias dangdan, toeloej angkat ka Sarpat. Barang dongkap ka lawang eta nagara, doemadakan, di dinja aja hidji randa keur ngarorotek soeloeh; seug koe Elias disaoer, sarta dilahiran kijeu: „Tjing, kami pangnjokotkeun tjai saeutik djeung roti sahoewapeun ongkoh.” Ari pioendjoekna: „Děmi djoeměněnging Pangeran, Allah andjeun! koering teu pisan gadoeh beubeuleuman, ngan gadoeh tipoeng sakeupeul sarawoeh minjak saeutik; dek disadijakeun keur diri koering kadoewa poen anak lalaki, sědja narėda, ladjặng paraeh.” Děmi lahiran Elias ka dinja: „Tipoeng noe dina gotji moal njoedaän, sarta minjak noe dina botol moal ngoerangan, těpi kana poëan Pangeran maparin deui hoedjan ka boemi.” Bral awewe teh moelang, sarta milampah salahiran Elias, sarta boekti pangandika Pangeran, noe diandikakeun koe lantaran Elias teja. Ari geus kitoe, parěng awewe noe boga imah teja anakna gěring, toeloej paeh. Pok awewe teh oendjoekan ka Elias: „Ěh, piwarangan Allah! koemaha andjeun soemping teh ka koering, bade ngemoetkeun kadorakaän koering?" Pek anakna koe Elias ditjandak, bari seug dikeděngkeun dina pangkoelēman andjeunna. Tidinja Elias nangkoebkeun andjeun dina eta boedak, tiloe kali, bari sasambat ka Pangeran. Ari eta paněda Elias koe Pangeran dimakboel; seug njawa eta boedak balik deui ka djasadna, toeloej hiroep deui.

2. Ari geus kitoe, lawas ti lawas aja deui pangandika Pangeran ka Elias, dina taoen anoe katiloe, kijeu pangandikana: „Geura leumpang, koedoe nembongan ka Ahab; eta kami rek maparin deui hoedjan ka boemi.” Bral Elias angkat, sědja nembongan ka Ahab. Ari geus dongkap, pok misaoer ka andjeunna: „Ajeuna geura ,miwarang, koempoelkeun ka kaoela sabangsa Israil ka goenoeng Karmel; geus poegoeh nabi Baäl noe 450." Prak Ahab ngalampahkeun kitoe. Tidinja Elias ngadeukeutan ka eta sakabeh djalma-djalma, bari ngalahir: „Sabaraha pililaeunana deui maraneh nja rek loewak-lejok, midoewa pikir? Oepama Pangeran teja