Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/208

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
202

Allah, geura aranoet ka andjeunna; sabalikna, oepama Baäl mah, geura naroeroet ka dinja.” Děmi eta djalma-djalma teu ngawangsoel ka andjeunna sakėtjap-kětjap atjan. Ngalahir deui Elias: „Ijeu kami sorangan noe kari nabi Pangeran; děmi nabi Baäl mah 450 djalma. Tjing, ka kami djeung ka eta bere doewa sapi ngora pikoerbaneun. Seug maraneh geura pada sasambat ka ngaran aällahan maraneh; ari kami mah rek sasambat ka padjěněngan Pangeran. Děmi geus kitoe, mana-mana Allah noe pingawaloneun koe seuneu, nja eta saestoena Allah.” Ngawangsoel sakabeh djalma: „Sae eta kasaoeran.” Toeloej nabi-nabi Baäl teh pek njarokot sapi sahidji, sarta dipětakeun sakali; toeloej pada sasambat ka ngaran Baäl, ti isoek těpi ka těngah poë, aromongna: „Noen, Baäl! moegi geura ngawalon ka koering sadaja.” Tapi hanteu datang sowara, djeung taja noe ngadjawab. Malah pada leumpang rěrěntjodan, ngoerilingan altarna noe didjijeun. Ari geus kitoe, wantji těngah poë seug Elias goegoejon ka maranehanana, lahirna: Sing barědas nja sasambat; wantoe batara eta teh; meureun keur tapakoer, atawa keur ka tjai, atawa keur njaba; palangsijang keur sasarean eta teh, měngke lilir.” Toeloej pada sasambat deui, bědas pisan sowarana, sarta bari naroerihan maneh, sakoemaha adatna, koe peso djeung kẽris, wani awakna ka loewar gětih; tapi teu datang sowara, djeung taja djawabna, sarta taja tandana ngadenge. Ari kasorenakeun, wantji ngoerbankeun koerban kadaharan di kabah Pangeran, Elias njandak batoe 12 siki, dianggo ngadaměl altar; sarta altar teh dikamaliran sakoeriling. Tidinja natakeun soeloeh, sarta sapina dipotong, bari seug diteundeun dina soeloeh. Toeloej ditjitjikeun tjai kana koerban, wani ngotjor sakoeriling altar; samalah kamalirna pinoeh koe tjai. Ari geus kitoe oendjoekan kijeu: „Noen Pangeran, Allah Ibrahim, Isak sareng Israil! moegi-moegi dinten ijeu masing boekti, jen andjeun teja Allah di Israil, sarěng simkoering teh abdi andjeun. Moegi geura ngawalon, noen Pangeran! moegi geura ngawalon.” Bloeg ragrag seuneu ti Pangeran, ngahakan eta koerban doeroekan; malah tjai noe dina kamalir teja kaletak