Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/209

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
203

wani bejak. Barang eta sakabeh djalma nendjo kitoe, brěk pada njoeoeh, bari njarěboet kijeu: „Nja Pangeran noe djoeměněng Allah! nja Pangeran noe djoeměněng Allah!” Pek eta nabi-nabi Baäl ditarangkép; seug koe nabi Elias digiring, disina toeroen ka tji Kison, bari toeloej dipareuntjit di dinja, noeroetkeun timbalan Allah, jen sakoer oerang Israil noe njěmbah ka brahala koedoe dihoekoem paeh. Tidinja Elias ngalahir ka Ahab: „Geura angkat; karana aja sora ngagoeroeh hoedjan.” Seug Elias nimbalan ka gandekna, toedjoeh kali: „Geura oenggah, koedoe ngilik ka těbeh laoet.” Ari geus kitoe, dina katoedjoeh kalina pok oendjoekan gandek teh: „Noen soemoehoen, aja hidji mega leutik, sagěde leungeun djalma, oenggah ti laoet.” Ari geus kitoe, teu sabaraha lilana langit geus poëk koe mega djeung angin; goer hoedjan gěde. Děmi Ahab toenggang kareta, moelih ka Jisrel, sarta Elias bral moeroe ti pajoeneun Ahab, sarta dongkap ka Jisrel.

3. Ari Isebel ngadangoe wartos tina sadajana noe dilampahkeun koe Elias, seug ngarah kana patina. Pek Elias dangdan, toeloej angkat ka těgal lėga. Geus dongkap, gek tjalik handapeun hidji tangkal harendong, ari pioendjoekna: Geus meudjeuh ajeuna; noen Pangeran! moegi tjandak pati simkoering.” Doeg ebog, toeloej koelěm handapeun tangkal teja. Doemadakan, aja hidji malaikat noël ka andjeunna, bari ngalahir ka andjeunna: „Geura boedang, dahar! karana djalan djaoeh keneh pidjalaneun sampejan.” Ana ngareret, beh ti mastakaeunana aja koeweh sasiki dina piroenan, sarta aja hidji kěndi dieusi tjai. Neut tanghi, toeloej dahar leueut; geus kitoe angkat koe matihing eta kadaharan, lilana 40 poë 40 peuting, dongkap ka goenoeng Allah, goenoeng Horeb teja.(¹) Toeloej lěbět di dinja kana hidji goeha; seug koelěm di dinja. Doemadakan, aja pangandika Pangeran ka andjeunna; ari pangandikana ka andjeunna: „Lampah naon maneh aja di dijeu, Elias?” Pioendjoekna: „Noen, poerwana simkoering teh goemati langkoeng-langkoeng pěrkawis Pangeran, karantěn oerang Israil geus pada