Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/210

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
204

ninggalkeun pěrdjangdjian andjeun; ngan kantoen simkoering pribadi, sarěng pada ngarah pati simkoering, karepna dek ditjokot.” Děmi timbalanana: „Geura bidjil, koedoe marěk dina goenoeng ka pajoeneun Pangeran.” Geus kitoe, doemadakan, Pangeran ngaliwat; hol aja angin gěde nja rongkah, ngabeulahkeun goenoeng-goenoeng sarta ngarěmoekkeun tjadas-tjadas ti pajoeneun Pangeran; tapi Pangeran teu aja dina eta angin. Sanggeusna eta angin aja lini; tapi Pangeran hanteu aja dina eta lini. Sanggeusna eta lini aja seuneu; tapi Pangeran hanteu aja dina eta seuneu. Děmi sanggeusna eta seuneu aja hiliwir ngadalingding leutik. Ari geus kitoe, barang kareungeu koe Elias, gantjang meungpeunan pameunteu koe haroedoemna. Ari timbalan Pangeran ka Elias: „Geura leumpang, koedoe malikan djalan maneh. Sarta kami di Israil ngarikeun 7000, sakabeh toeoer noe teu darěkoe njěmbah ka Baäl, djeung sakoer soengoet noe hanteu njijoem ka dinja.” Geus kitoe Elias angkat ti dinja, měndakan Elisa; kaběněran eta teh keur ngawoeloekoe. Seug Elias ngaroengkoepkeun haroedoemna ka andjeunna. Tidinja Elisa dangdan, bral angkat, ngiring Elias sarta ngawoela ka andjennna.

(1) Nabi Elias kërsa angkat ka goenoeng Horeb, sabab di dinja diadegkeunana përdjangdjian, noe geus dipegat koe bangsa Israil. Di dinja nabi Elias kërsa ngoeningakeun hawatosna koe tina bangsa Israil moertad.


§75. Bangsa Ahab.

(1 Radja 21-2 Radja 1;2 Babad 17-20.)

1. Ari Nabot, oerang Jisrel, boga hidji kebon anggoer di Jisrel, gigireun karaton Ahab. Tidinja Ahab misaoer ka Nabot: „Tjik, eta kěbon anggoer maneh bere ka kami; koe kami dek didjijeun kebon sajoeran; ari kami ka maneh dek mere hidji kėbon anggoer noe aloes ti batan eta, atawa oewang sahargana.” Wangsoelan Nabot: „Palijas teuing koering teh koe Pangeran,