Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/221

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
216

seg dipiwarang ka Ramot, ka Jehoe, hidji kapala balad Israil. Bral eta boedjang, nja eta gandek nabi, leumpang ka Kamot. Pek ngoetjoerkeun minjak ka sirah Jehoe, bari mihatoer: „Kijen timbalan Pangeran: Maneh koe kami diminjakan, diangkat radja, njěkěl oemat Pangeran. Sarta maneh koedoe maehan bangsa Ahab, soepaja kami malés gětih abdi-abdi kami, noe dikoetjoerkeun koe Isebel. Karana sabangsa Ahab koedoe digěmpoer.” Gantjang kantja-kantja Jehoe narijoep sangkakala, bari ngaromong ,Jehoe djoeměněng radja!” Djadi Jehoe sakait ngamoesoeh ka Joram. Tjat Jehoe toenggang kareta, toeloej angkat ka Jisrel. Ari noe kěmit keur nangtoeng dina papanggoengan di Jisrel; beh nendjo Jehoe saaleutanana keur moeroeboel; pok oendjoekan: Koering nendjo aleutan.” Koe Joram hidji toekang toempak koeda dititah mapagkeun sarta nanjakeun salamět hanteuna. Eta djalma koe Jehoe dititah noetoerkeun andjeunna. Nja kitoe deui djalma sedjen, noe dititah koe Joram. Parentah Joram: „Geura pasang!" Prak dipasang karetana. Djol Joram, radja Israil, bidjil djeung Abasia, radja Joeda, pada toenggang kareta pribadi; ari baridjilna mapagkeun Jehoe, prok patěpang, plebah lahan Nabot teja. Pok Joram mariksa: „Eh Jehoe! koemaha, salamět?” Walonanana: ,Kpemaha rek salamět, salilana djinahna Isebel, indoeng maneh, djeung sibirna sakitoe rasosa?” Gantjang Joram malikkeun, seug kaboer. Děmi Jehoe ngageuwat njëkel gondewa, pek Joram dipanah, keuna antara walikatna; ari djamparingna bidjil tina manaħna, hos poepoes. Toeloej majitna dipitjeun kana loewoekan lahan Nabot teja. Barang katingali koe Ahasia, seug kaboer. Děmi Jehoe ngoedag njoesoel andjeunna, toeloej dipaehan. Seug koe abdi-abdina dibawa ka Jeroesalem sarta dikoerubkeun di dinja.

3. Tidinja Johoe soemping ka Jisrel. Barang Isebel geus meunang bedja, ngageuwat panonna disipat djeung sirahna dipapantěs; toeloej němpo tina djandela. Ret Jehoe tjèngkat kana djandela, bari njaoer: „Eta geura tinggangkeun!” Pek koe ponggawa ditinggangkeun; seug ditintjakan koe koeda.