Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/220

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
214

pejan moal koengsi ngahakan eta.” Waktoe peuting koe Goesti diparčngkeun, wadya-balad Sam ngadenge goeroedoeg kareta djeung goeroedoeg koeda, sora balad gěde; heug ngaromong batoer pada batoer: „Amboe-amboe! radja Israil ngoelikeun ka radja-radja oerang Het djeung oerang Mesir, soepaja datang ngaroeroeg ka oerang.” Pakepoek oerang Sam darangdan, seug kalaboer sareupna, sarta naringgalkeun pasanggrahan sakoemaha ajana. Ari di hareupeun lawang nagara aja opat djalma noe boga kasakit lepra. Eta darangdan sareupna, sědja asoep ka pasanggrahan oerang Sam, bawaning langlajeuseun. Ana narepi, doemadakan, di dinja taja djalma hidji-hidji atjan. Toeloej ngoeninga eta ka nagara. Seug djalma-djalma rijab, sarta pada ngarajahan pasanggrahan oerang Sam. Děmi geus kitoe, sataker tipoeng leměs harga sasekel. Ari satrija, noe koe radja ditaleukeuman leungeunna teja, koe radja ditjangkingan ngadjaga lawang nagara; toeloej katíntjakan koe djalma-djalma dina lawang, hos paeh.

§ 78. Bangsa Ahab diboekoem.

(2 Radja 8-11.)

1. Di karadjaän Joeda, Josapat diganti koe Joram poetrana. Děmi Joram teh ngalakonan djalan radja-radja Israil, sakoemaha lalampahan bangsa Ahab bae; wantoe geureuhaän ka poetra Ahab. Tatapi Pangeran teu kersaeun ngaroeksakkeun Joeda, koe karana Dawoed abdina. Děmi Joram teh poepoes, diganti koe Ahasia poetrana. Eta kitoe deui ngalakonan djalan bangsa Ahab; wantoe babarajaän djeung bangsa Ahab. Tidinja angkat reudjeung Joram, radja Israil, měrangan ka Hasael, ralja Sam, di Ramot, bilangan Gilad. Toeloej Joram keuna raheut koe oerang Sam. Gantjang radja Joram moelih, soepaja andjeunna dilandongan di Jisrel. Toeloej Ahasia, radja Joeda teja, ngalajad ka Joram ka Jisrel, pedah eta teu damang.

2. Mangsa eta nabi Elisa njaoer moerid nabi-nabi saoerang,