Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/219

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
213

moegi beuntakeun panonna, sina nendjo.” Ladjeng koe Pangeran panon gandek teh dibeuntakeun, seg nendjo; doemadakan, goenoeng teh pinoeh koe koeda seunen djeung kareta seuneu sakoeriling Elisa. Ladjeng balad Sam koe Pangeran pada digiboeg; diboetakeun. Pok Elisa ngalahir ka eta djalma-djalma: „Geura pada noetoerkeun ka kaoela, dek dianteurkeun ka djalma noe dítejangan koe maraneh.” Toeloej koe andjeunna dianteurkeun ka Samaria. Ari geus kitoe, toeloej Elisa oendjoekan: „Noen, Pangeran moegi beuntakeun panon ijeu djalma-djalma, sina narendjo.” Braj pada nendjo, sihoreng aja di tengah Samaria. Barang katingali koe radja Israil, pok naros ka Elisa: „Koemaha, ama! koedoe koe kaoela disabětan?” Walonanana: „Montong disabětan; karah andjeun rek njabětan ka noe beunang andjeun ngadjarah lantaran pedang andjeun atawa lantaran gondewa andjeun? Anggoer soegoehan roti djeung tjai, sina njaratoenginoem, sarta toeloej maroelang ka djoeraganana.”

Katerangan. Ela koeda seuneu djeung karota seuneu teja, nja eta balad malaikat. Djab. 34: 8: „Malaikat Pangeran masang grahan sakoerlling noe sijeun koe andjeunna.” Djab. 91: 11, 12: „Pangeran bade nimbalan ka para malaikatos tina pěrkara maneh, aoepaja pada ngarakan ka maneh dina Bakabeh djalan maneh. Bakal njarangga ka maneh, sangkan soekoe manch oelah koengsi tigasroek kana batne.” ― Ibrani 1: 14: „Ari eta sakabehna teb (malaikat) naba lain soekma koemawoela, noe dipiwarang baris ngewoels, koe tina sabab sakoer djalma noe bakal kawaris kasalamětan?”

4. Ari sanggeusna ti dinja, hidji mangsa Benhadad, radja Sam, ngěpoeng nagara Samaria. Ari geus kitoe, di Samaria patjěklik rosa katjida. Toeloej Elisa ngalahir ka radja Joram: „Kijen timbalan Pangeran: Isoekan wajah kiwari satakěr tipoeng lěměs sasekel (harga oesoem panen) dina lawang Samaria.” Ngadjawab satrija, noe koe radja ditaleukeuman leungeunna: „Amboe-amboe! masih Pangeran ngadaměl djandela di langit oge, karah bisa djadi eta pěrkara?” Lahir Elisa: Masing njabo, bakal katendjo koe sampejan koe panon sorangan, tapi