Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/218

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
21

kérsa nampi pangabaktos ti abdi gamparan.” Ari walonanana: Děmi djoeměněnging Pangeran! kaoela moal rek nampa.” Mihatoer Naäman: „Manawi teu kersa mah, moegi abdi gamparan dipasihan taneuh momotaneun doewa bigal (pikeun njijeun altar bade ka Pangeran di tanah Sam); karantěn abdi gamparan ka-hareupna moal ngoerban deui ka aällahan, salérésna sědja ngoerban ka Pangeran.” Ari lahiran Elisa ka Naäman: „Geura moelang bae sarta kasenangan.” Bral angkat ti andjeunna, meunang sadjong-djongan. Semproeng Gehasi ngoedag njoesoel Naäman, toeloej mopojan kijeu: „Simkoering dipiwarang koe djoeragan, oendjoekan: Hatoer oeninga, tjikeneh písan kaoela kadatangan doewa djalma ngora, kaäsoep moerid nabi-nabi; moegi koe andjeun eta dipaparin perak satalenta sareng doewa pisalin.” Toeloej koe Naäman dipaparin 2 talenta perak, toer 2 pisalin. Geus kitoe Gehasi asoep, marěk ka djoeraganana. Toeloej koe Elisa dipariksa: Mantas ti mana Gehasi?” Wangsoelanana: „Noen, abdi gamparan teu ka mana-mana.” Lahiran Elisa ka dinja: „Naha hate kami teu miloe, keur barang eta djalma malik, toeroen ti karetana, mapag ka maneh? Karah ajeuna pioesoemeunana meunangkeun perak, djeung meunangkeun papakean? Manana kasakit lepra oeroet Naäman teja pinapěleun ka maneh djeung ka toeroonan maneh salalanggengna.” Toeloej bidjil ti pajoeneun Elisa, geus keuna kasakit lepra, ngeplak saperti saldjoe.

3. Hidji mangsa Benhadad, radja Sam, keur mérangan ka Israil. Toeloej badami ka mantri-mantrina, tapi kasaoeranana kue Elisa sok dipoepoelihkeun ka radja Israil. Lila-lila radja Sam hatena djengkeleun tina hal perkara kitoe. Toeloej Benhadad nitahan balad rosa pisan ka nagara Dotan, enggon Elisa aja, soepaja andjeunna ditangkep. Děmi gandek Elisa hoedang isoek-isoek, seug ka loewar, doemadakan aja balad ngarijoeng nagara, sarta koeda djeung kareta. Toeloej oendjoekan ka Elisa: „Alah, djoeragan! koe-maha nja pilampaheun?” Lahiranana: „Montong sijeun-sijeun, karana noe njarěngan ka oerang loba ti batan anoe ngareudjeungan ka eta.” Tidinja Elisa něněda, kijeu panědana: „Noen, Pangeran!